Daftar Eusi Blog

Cocoretan alakadarna nu keur ngancik dina pikiran Kuring nu Saderhana.
Tampilkan postingan dengan label simkuring. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label simkuring. Tampilkan semua postingan
14:52

Sasakala Kakalayangan Ngalalana na Alam Maya

Bismillah....
Sateuacana nyuhunkeun dihapunten heula yeuh kanggo baraya nu kaleresan muka catetan simkuring nu ieu. Kumargi ieu catetan teu penting-penting teuing, mung kanggo simkuring mah penting :o Kumaha Sasakala Simkuring ngalalana di Alam Maya dugi ka kajieun na ieu M-Blog mBlogan.
m-blog mblogan

Di ngawitan Kuring gaduh Hapè tos resep internètan (Nge-nèt ceuk barudak ngora mah) karesep na nga downloadan permainan(game), sapopoè anteng maèn game... Ngarasa kahirupan di alam nyata gening balueng jenuh teu puguh, Kuring mimiti resep Facebook, nepi ka Kuring Kacanduan Facebook. Di Facebook karesep na heureuy, dugi ka gaduh Grup di Facebook husus keur nu resep Banyol, Alhamdulillah ti èta Grup tèh simkuring janten nambih baraya. ( Sakantenan Simkuring ngajak ka Baraya nu kaleresan maca kanggo Gabung di Group Riungan nu Burung. Sangkan Silaturahmi urang langkung rakeut sanajan bari heureuy, banyol tapi manfaat silaturahmi na saè insyaAlloh...)


Ti Grup RnB èta simkuring ngempelkeun carita-carita Bodor Sunda, harita bingung dimana nyimpenan inbok Dongeng Bodor sangkan tiasa di baca atanapi di Arsipkeun carita na mah... Nya nyobian ngadamel Blog bari teu ngarti nanaon ogè, Blog nu mimiti di damel tèh www.heureuysoenda.blogspot.com, jadi mah jadi ngan teu mernah da puguh teu ngarti nanaon kana Blog. Dugi kiwari èta blog teuing kumaha nasib na :r di antep wè...
Nyerah dina Blog kusabab Parabotan ngan saukur dina Hapè, simkuring nyobian ngadamel WapSite da cenah pas kanggo hapè mah. WapSite nu mimiti kajieun http://elangputra84.hexat.com teras aya deui http://ep84.xtgem.com, nu eusi na Balakacipruth teu pararuguh. Tiap ngadamel situs pasti nganggo Bahasa Sunda, lain Kuring ahli seni sunda atawa rèk ngamumulè kiSunda sabenerna mah.. Tapi asa kararagok ari nganggo bahasa Indonèsia tèh, komo bahasa ingris mah da teu ngarti.. :O . Ngareunah ari nganggo bahasa sapopoè mah.. Asa bèbas,,, Kantos nyobian ngadamel versi Indonèsia na ogè mung teu di teraskeun.. Kalakah lieur geningan deuh.. Da niat ulin di Alam Maya tèh lain keur nèangan kalieur, tapi nèang pangabisa..


Di Wapsite Simkuring kenal sakedik-sakedik kana kode HTML jeung cara nyimpen file, dipikir-pikir lumayan kanggo nyimpenan file daripada numpuk dina Kartu Memory nu tos eungapeun :D
Hiji Mangsa Kuring aya nu mèrè aplikasi Opera Mini Gratis kanggo Telkomsèl, da can pernah kuring harita Internètan teu mayar. Panasaran dimana asal na èta Opmin nepi ka bisa teu mayar sagala, saparantos dibongkar gening Sumber na tèh di www.bagas96.blogspot.com, hmmmm....


Harita kuring mimiti ninggali aya Blog tampilan na pas dina Hapè, nu tadi na hayang ngulik Aplikasi na tapi kalakah kabita ngadamel Blog deui (di Blogspot). Da gening Kang Bagas96 mah Ahli kana perkawis Blog, husus na Blog kanggo Hapè. Nya ngadamel deui Blog ku akun anyar, da puguh Blog nu baheula mah geus poho asup na ogè :k , di mimiti nyandak Template Mobile na katambih sakedik catetan kuring dina ngawangun Halaman Web ku kode HTML.. kajieun wèh www.elang84.blogspot.com nu eusi na mah angger wè Pabaliut, Balakaciprut, teu puguh jug-jugan. Naon baè nu kapanggih ku Simkuring pasti di simpen janten Catetan di blog. Kusabab unggal dinten ngan mencètan Hapè, nya eusi catetan na ogè teu jauh masalah hapè :z . Tapi keun baè deuh bari na ogè ieu Blog lain blog enyaan.. Da ieu mah Blog Bobohongan, ngaran na ogè pan M-blog mBlogan, lain Blog beneran :r


Ngadamel Blog lain hayang Terkenal (siga artis waè :r ) atawa ngadon nèangan duit ( can nepi kadinya :O ), tapi Kuring Nyieun Blog tèh tamba teuing kesel wè, da puguh pangaresep kanu anèh-anèh tèh..
Tah kitu sasakala Kuring nyieun blog balakacipruth siga kieu tèh... :r Panjang teuing geningan nulis tèh, bari teu puguh... Karep deuh, ah.. Da Ngadongèng ieu mah.. :r


Yu.. Ah... Di lajeng.....!!!!
Wassalam....
13:27

Nampi Award ka Lima, sakantenan Ngabagi Opera Mini Spongebob s60v3

Alhamdulillahirobbil'alamiin...
M-blog mBlogan Meunang deui Award ti blog na Musick Gallery , janten ieu Award ka Lima panginten sareng nu Kamari di Opat Blogger mah. :L Hatur Nuhun, laksa kabingahan Simkuring kanggo Nu ngagaduhan Blog MusickGallery, Award na ditampi, mugia duduluran urang sadaya tiasa langgeng tur barokah.. :z
award musik gallery
Namung ku kitu na ieu Award moal dibagikeun deui ayeuna ku Simkuring, kumargi aya hal-hal sanes nu peryogi disiapkeun heula :k



Kanggo ayeuna mah Simkuring bade ngabagi heula Aplikasi, nu tos teu aneh deui lah.. Opera Mini. Eta ge upami baraya peryogi mangga di candak. :r
Nami na SpongeBobMini 6.1, mangrupi Opera Mini 6.1 versi Cloning nu ngagaduhan skin SpongeBob :L
opmin spongebob 6,1


Langsung di candak wè upami peryogi mah... :D
Spongebob Mini 6.1 bahasa Sunda
download
Spongebob mini 6.1 indo
download

* Upami badè ngedit Server kanggo gratisan na, mangga edit file exe na, da teu di Kompres.. (editable) :r
17:42

Nampi Sakantenan Ngabagi-bagi Award Blog

Sakedik ngadongèng heula.. :) Salami Simkuring diajar nyerat di Blog. Simkuring masih teu acan ngartos kana masalah Award Blog nu sok rajeun dibagi-bagi ku sababaraha Blogger, namung ku kitu na gening ari tujuan na mah sihorèng kanggo ngaraketkeun Silaturahmi antar Blogger ku cara silih masihan panghargaan (award).
Alhamdulillah Blog Simkuring M-blog mBlogan ieu. Kantos kènging sababaraha Award ti sobat Blogger. Duka pèdah naon Kuring meunang èta award tèh, padahal Aranjeun na teu ngartos kana bahasa Sunda :)
Saha waè nu kantos masihan Award kana Blog Balakaciprut ieu? Yeuh... Sakantenan Simkuring nyimpenan ieu Award...

:o Nu ka hiji Award Dongkap ti Kang Listkho.
award


:o Award nu kadua Dongkap ti Kang Yunan
award
sareng nu ieu
award


:o Award ka tilu Dongkap ti Kang AgusDuctank
award sareng ieu ogè
award


:o Award nu terakhir Dongkap ti Kang Semut
award
Sareng nu ieu
award
Hatur Nuhun kanggo Sobat Blogger di Luhur nu parantos maparinan Panghargaan (award) kanggo Blog Simkuring. Ditampi Award na, Sukses terus kanggo Sobat Sadayana. :k
Simkuring badè neraskeun pancèn kanggo langkung ngajalin hubungan Silaturahmi antar Blogger ku ngabagikeun deui Award di Luhur ka sababaraha Blogger nu karaos ku Simkuring ageung pisan Jasa na. ( salian ti Opat Blogger di luhur nya..!! :) )
Saha waè nu kènging Award ? Diantawisna kanggo Blog kagungan :

:o Kang Yusuf Laskar ( Blogger Pemula )
:o Kang Gepeng
:o Kang Ilham ( Ilham Zone )
:o MusickGallery blog
:o Kang ObinHut ( Obinhut pake Hape )
:o Kang AmankTanie ( Santri Ngeblogger )

Nyanggakeun Award na, badè 1, 2 , atanapi sadayana ogè mangga. Katambihan deui nu kènging teh nyaèta Sobat - Sobat Blogger Simkuring Sadayana :z
Nyanggakeun ah... ;)
21:00

Hatur nuhun Simkuring kanggo Duduluran sareng Baraya Blog


Bismillahirrohmanirrohiim,,,
Wilujeng wayah kieu baraya... :) mugia urang sadaya aya dina kawilujengan.. Husus Kanggo catetan anu ieu mah Simkuring nyatet Dulur jeung Baraya Simkuring anu biasa ku simkuring diDongkapan situs na. Maksad Simkuring nyimpen alamat dulur blog ieu taya sanes kanggo ngaraketkeun deui duduluran antar tukang blog. :z
Hapunten anu kasuhun kanggo Dulur Simkuring di dunia web/wap/blog jeung sajaba na, simkuring nembe nyatet blog baraya ayeuna. Kumargi simkuring jalmi Awam, kirang pangarti ngeunaan ieu. Komo deui upami perkawis panghargaan mah simkuring can ngarti kumaha tata cara na, eta geningan nu di maksud teh Blogger Award :y margi ari kanggo simkuring mah saha wae anu maksad Silaturahmi atanapi duduluran eta oge tos cekap, asal ihlas nya..? :k
Tah numawi eta ayeuna Simkuring bade nyatetkeun dulur/baraya kuring, sakantenan simkuring masihan panghargaan Duduluran (bade disebat Duduluran Award mangga :) ), ucapan hatur nuhun ka sadaya dulur kuring anu parantos tiasa babagi elmu, jeung pangabisa nu ku simkuring katampi pisan. :L
duduluran

Nyanggakeun rebu hatur nuhun, salaksa kabingahan kanggo :

- Kang Bagas 96
- Kang Semut
- Kang Listkho
- Kang Birintand
- Kang Virgo
- Kang Gepeng
- Kang Syarief
- Kang VPAT
- SymbianBlog
- Kang ObinHut
- Kang Yunan
- Kang SandiGamer
- Kang Erick
- Kang Rawing


Nyanggakeun ka Baraya Simkuring nu di Luhur, mugia Duduluran urang sing langgeng tur Rahayu.
Kanggo Baraya anu sanes na mangga di antos absen na da ari mapay mah simkuring sieun nyasab :O :D ...

07:19

Nyobian ''WhatsApp'' BBM-an sapertos BlackBerry nganggo Handphone Symbian

Wengi tadi nembè kukurilingan di Blog ka Blog sanes, di antawisna ka Blog Kang Semut, nya mendakan Artikel BBMan di Ponsel Symbian dengan 'WhatsApp'.. :f duh, saha nu teu kabita nya nu nami na BBMan (BlackBerry Messenger, cenah :D ) sapertos nu aya mung dina BlackBerry.
Tapi ari tos geugeut ka Ponsel Symbian kumaha? (nomer kahiji na mah teu ka bedag BB mah :O ). Kiwari mah ulah katinggaleun atuh.. Nganggo Handphone oge tiasa online chatting sapertos BBM-an, asal Handphone na Symbian urang tiasa masang Aplikasi WhatsApp :D nu sami-sami tiasa ngaraketkeun Silaturahmi ku cara Chatting.
bbm an di handphone

Upami di BlackBerry messenger mah nganggo PIN BB (cenah eta oge), di WhatsApp mah cekap ku nomer handphone (kantun nyimpen di kontak). :k
whatsapp

chat bbm di symbian

:# Teu sabar hoyong nyobian BBM nganggo handphone nya?? Mangga atuh gera pasang,, :L nyanggakeun...
Download WhatsApp 2.2.33 kanggo Handphone Symbian

Download WhatsApp 2.6.4 kanggo Handphone Symbian


Tiasa oge Kanggo iPhone, Android,atanapi BlackBerry mangga Download Di dieu...
** Aplikasi ieu meryogikeun sambungan GPRS nu teras online. Saupami nuju teu diperyogikeun tiasa di pareuman di antawisna ku Aplikasi JbakTaskMan. :y
18:37

Ngawitan simkuring nga-Blog.

Bismillahirrohmaanirrohiim....


Sampurasun, Ngiring aub
Neda dikeclakan
Ku Cikaracak ka Sundaan
Sugan teu tuhur ku katiga
Henteu keri ku gogoda

Golontor cai rasa
Kana wahangan seni
Anu wening sarta suci

Kokojayan bari teuteuleuman
Dina leuwi kabudayaan
Silih simbeuh silih cebor
Ku kabinangkitan

Lebar bener mun sastra Sunda teh musna
Tangkal budaya ngarangrang
Jadi ciri kurang pangraksa
ti Para mitra
Putra Sunda


elang


Sagala Puji kalih syukur ka Gusti nu mangeranan Sakabeh alam Alloh SWT, sholawat sinareng salam mugia dikucurkeun ka Junjunan Alam Nabi Muhammad Saw...
Di awal oge simkuring parantos nguningakeun, yen pamaksadan ngadamel situs teh mung kanggo milari pangalaman, elmu, sarta kanggo ngaraketkeun silaturahmi...
elang84.Blog oge nya kitu tea ari pamaksadan na mah..
Saha ari Simkuring??? :)
Tos katelah na mah ELANG, sanajan eta mah ngaran Kanyaah kuring kanu jadi Anak :L , kawit Simkuring ti Sumedang. Pas na mah di daerah Jatinangor atanapi Caket oge ka Rancaekek. Rumasa sanajan hirup deukeut jeung tempat nyiar elmu anu luhur (Kampus paragi kuliah) tapi kuring can pernah nincak bangku Kuliah (upami Kuli-ah mah eukeur). Malahan ngajaran ngadahar bangku Es-De oge can pernah :O :D .
Hapunten saupami dina eusi ieu Blog seueur kakirangan. Da asli na mah Simkuring mah tukang Heureuy, tapi sok embung lamun diHeureuyan batur mah :O
Sumangga nyanggakeun naon bae nu baris dipedar didieu, nu manfaatna mangga candak, atuh kanggo nu kirang sae na mah simkuring neda panghapunten, kanggo saran atanapi kritik mangga serat di kotak komentar...
Kontak mah ka Facebook Simkuring Facebook nu Ieu atanapi Facebook Kuring nu Ieu :z
Hatur nuhun...
14:23

Daftar Eusi Blog

Dukungan Panyumanget



-Nu Burung Sapopoe-

Future Google PR for elang84.blogspot.com - 3.88
ELANG84