19:12

Ciri Jalmi nu tos Kacanduan Facebook

FACEBOOK....FACEBOOK....FACEBOOK....FACEBOOK....FACEBOOK....FACEBOOK....

FACEBOOK deui....FACEBOOK deui.... mèmang facebook mah sapertos Udud atawa narkoba...ngakibatkeun urang kacanduan...
mun sapoè teu muka Facebook tèh sakau,,, asa leuleus... Asa aya nu kurang jeung asa boga hutang...

Aya sababaraha ciri jalma nu geus kacanduan Facebook nu parah...

-#-. Ngatur halaman utama (homepage) aplikasi browser dina komputer atawa hapè ku alamat Facebook. Jadi mun muka internèt tèh langsung Kabuka halaman Facebookna.

-#-. Update status facebook minimal 3x sapoè ènjing-ènjing, siang sareng wengi,,, ari kana mandi mah kaliwat... malahan sok ditambahan ku tautan atawa nulis dina dinding batur bari teu penting ogè.

-#-. Getol ngajempolan sareng ngomentaran status batur bari teu nyambung ogè, da ngarepkeun nu diKomentaran malik mèrè komentar ka status urang....
Beuh.... Atuh ari kitu mah teu ihlas nya komentar tèh,??? komo mun sakali batur teu komentar ka status urang, sok jadi pundung...

-#-. Balad atawa teman tos langkung ti ètangan ratusan... Nu kumaha gè di jadikeun teman, bari tukangeun mah di omongkeun gorèng...

-#-. Dina kartu nama makè èmbèl-èmbèl èmail atawa alamat facebookna. Terus di sebarkeun di tempat nu ramè saperti di pasar, sajajalaneun ka masigit, atawa cocorètan nulis alamat èmail & facebook dina wc umum, tatangkalan di sisi jalan, dina gerbong karèta atawa di jero angkutan umum. Make format : add my facebookèmail_na@nyahoo.col.

-#-. Mun milih hapè nu rèk di beuli, kudu aya fitur internèt, facebook atawa opera mini. Kajeun teuing teu bisa dipakè nelepon.

-#-. Lamun panggih jeung babaturan sakola, atawa kenalan anyar,, nu ditanya tèh :'' boga facebook teu??naon ngaranna???''
beu... èmangna facebook tèh KTP...??

-#-. Teu kaur nempo batur ngobrol, sok langsung waè ngacungkeun jempol kanu irung batur nu keur ngomong. Bari ngomong :''menyukai status anda!!!'' ngalèos deui wè geus kitu mah...

-#-. Teu kaur ninggali batur nu diuk cicing atawa mun papanggih di jalan, curuk na sok langsung noèl terus ngaharèwos '' colèk kembali atawa hapus??'' bari terus ngalèos .

-#-. Milu jadi anggota grup lewih ti 10, bari unggal waktu nulisan dinding na keur nèangan perhatian... Terus nyieun grup sorangan Da hoyong di sebut artis FB.

-#-. fofotoan sorangan bari dungdak dèngdèk... Ngarah kaciri gaya, terus di upload ngarah unggal poè gunta ganti foto profil.

-#-. Sering bergadang, teu bisa sarè beurang kènèh... pagawèan nagog di hareupeun layar komputer atawa leungeun teu leupas dina hapè, nepi kasarèan.... bari facebook mah angger onlen.

-#-. Samèmèh sarè lain ngado'a... Tapi nyieun heula status : ''LOGOUT'' atawa ''OFF DULU FLEND''

-#-. Hudang sarè kabeurangan waè... Beunta bari gegerenyem lain ngado'a tapi macakeun èmail login facebook jeung passwordna, bari cengkat ngagorowok ''LOGIN''.... Terus nuluykeun facebook, nulis status : "ya... Ampuuun dagh cyang nech plend... mana ada janji ma dukun agy..!!''

-#-. unggal indit-inditan pasti we nulis status : '' OTW.... Pacilingan ''.

-#-. Pastina maca tulisan ieu ogè bari muka facebook, da nembè ngomentaran, ngajempolan Atawa nulis status, leres nya????

-#-. Tos kitu, terus sèsèrèngeh olangan siga nu rumaos.... Bari rurusuhan maca na da rèk ngahapusan aktivitas dina dinding, ngarah katinggal na jarang muka facebook. Tapi teu jadi da isin....

-#-. Terus kerung, bari gogodeg... ''Naha bisa apal nya ???? ''.

-#-. tapi ahirna mah baraya teu paduli kanu tos dibaca di luhur... neraskeun deui hanca facebook na sapertos biasa, teu ngèmut keun deui nanaon....

Naon margi na????
Mung hiji waleran na mah....

"TOS KACANDUAN FACEBOOK"


2 komentar:

  1. Si akang tiyasa wae ah...berbagi pengalaman kitu kang ? heheu...asa pernah kaalaman euy...tapi tidak separah itu...

    BalasHapus
  2. @kang Ahas nembe nyandu hungkul kitu mah... Ieu mah tos parah... :r

    BalasHapus
Hatur nuhun saupami Baraya tiasa masihan Komentarna perkawis posting di Luhur,,

Dukungan Panyumanget



-Nu Burung Sapopoe-

Future Google PR for elang84.blogspot.com - 3.88
ELANG84