12:42

HACKER hape SYMBIAN

Ngagaduhan Hape Symbian, benten tebih sareng hape Java ( misalna : Nokia 3110, c3, 5200 sareng sajabina) anu Fitur sareng kalengkapan na rada terbatas saur simkuring mah... Benten na, Hape Symbian (sapertos, nokia Series N70, E63, E75, N8 sareng sajabina) mah salian ti Fitur Aplikasi na nu Lengkep, Urang tiasa ngatur tampilan atanapi masang Aplikasi sakahoyong taya batesan salami eta masih aplikasi kanggo Hape Java atanapi Symbian.

Mung sok rada kesel, upami nuju masangkeun Aplikasi anyar anu dipikahoyong, mandeg lantaran sertifikat aplikasi kadaluarsa atanapi teu diPercaya....

Nu matak, gaduh hape Symbian mah asa teu lengkep upami teu acan Di Hacker (aduh, bahasa gaul siganamah....) nu maksudna supados urang bebas Ngoprek-ngoprek hape Sakahoyong..(kajeun nya da Hape ge tos di galeuh... Meni sok sagala ulah...) conto na Urang tiasa Ngarobih Tampilan Hape Janten Sapertos Blackberry.

hacked

Sareng deui kaPayuna insyaAlloh, Simkuring bakal seueur Posting Aplikasi nu Sakedik rada aneh. Tah Upami tos kenging nga-Hacker mah, Aplikasi-aplikasi naon wae ge tiasa di Jalankeun....

Kanggo Salengkepna Mangga Tuturkeun posting Dasar kanggo Nga-hacker Hape Symbian, di handap:

  • CARA NGA-HACKER SYMBIAN s60v3, s60v5


  • CARA NGADAMBEL CERTIFICAT OPDA KANGGO SYMBIAN


  • CARA SIGNING APLIKASI SYMBIAN




  • .


    0 komentar:

    Mangga kanggo komentar kahiji, Lur... Dina HACKER hape SYMBIAN

    Dukungan Panyumanget



    -Nu Burung Sapopoe-

    Future Google PR for elang84.blogspot.com - 3.88
    ELANG84