04:42

Ngagunakeun Aplikasi [Peta] Nokia Maps sacara Offline


maps offline

Handphone Nokia kiwari biasana sok dilengkepan ku Peta atanapi Nokia Maps. Mangrupikeun aplikasi kanggo ningali Peta Lokasi dina hape, misal na dina Nokia E63 jeung sajabana. Tapi jarang layanan aplikasi eta digunakeun, karaos ku Simkuring sanès teu peryogi kanu Peta tapi Biasana nu nganggo na ogè mikir deui lamun saukur nempoan peta bari mayar :z sabab layanan Peta ieu Online nganggo jaringan GPRS.
Ayeuna Simkuring badè nyobian nyatetkeun naon nu parantos kapendak dina perkawis Nokia Maps sacara Offline. Tujuan na sangkan tiasa ngagunakeun Peta ieu teu make nyambung ka Internet (Offline). Jadi teu kedah ngaluarkeun pulsa kanggo ningalian Peta :L Cara na gampil, kanggo ngawitan buka heula Nokia Maps na. Teras pariksa Versi nu di anggo dina hape na. (conto simkuring mah nganggo v.2.0) .
*Upami Maps / Peta na kantos dibuka, sacara otomatis bakal kajieun Folder cities\diskcache dina kartu Memori. Nu eusi na data-data dina Aplikasi Peta /Maps .

Ayeuna urang meryogikeun data-data file nu tos kumplit (nampilkeun peta). Data-data file eta tiasa di Download langsung di NOKIA MAPS. Pilih Versi sakumaha nu aya dina hape urang. Teras Download Peta mana nu diperyogikeun. ( mis: Indonesia ) ukuran file na lumayan ogè (21MB) :z
nokia maps
nokia maps
Saparantos di Download, Extract sadaya eusi na ka E:\cities\diskcache (simpen didieu).
Buka Peta / Maps na, atur sangkan unggal dibuka teu Online (Go Online at Startup = No). Cobian buka atanapi Pilari tempat mis : Jatinangor.
nokia maps

Mugia catetan ieu aya manfaat na ogè kanggo baraya... :y

* Info Tsel : Kanggo ngadownload dina Opera Mini, cobian upami Pulsa nuju minim ( mis= Rp.50 ) teras sambung sareng jalur akses salian Telkomsel. ( 3data, indosatm2, internet . Jeung sajabana ) mudah-mudahan sanasib gratis na sareng simkuring :r :r


10 komentar:

  1. Mantep yeuh bade sasapedahan teh ningali heula peta... He...he...he..., muhun yeuh abdi ge nuju ngangge tsel anu rp.50 sugan awet tuda tri nuju mogok.....

    BalasHapus
  2. Mantep kang,ad apps bawaan bsa liat waktu dunia wae kang di hape sy..

    BalasHapus
  3. @kang Cenom.. Muhun tapi asa piraku kuring ulah ngeusi pulsa terus mah :r

    @Ilham Zone , wah canggih juga kang... App apa tuh??

    BalasHapus
  4. World clock wae kang,hehe bawaan soner..hehe

    BalasHapus
  5. mas udah gw donlot n extrack ke e:/cities/discache kok pas buka peta mw klik cri tiba2 keluar sendiri hp c5-00 peta v 3.04mas udah gw donlot n extrack ke e:/cities/ kok pas buka peta mw klik cri tiba2 keluar sendiri hp c5-00 peta v 3.04

    BalasHapus
  6. @Anonim pastikan versi & peng-extract-an nya tepat. :z periksa pengaturan & coba restart. Kalo masih tetep, di ulang lagi..

    BalasHapus
  7. udah d periksa pngaturan trus dah d restar ttp aja pas d buka keluar sendiri.. HpX mas pke peta versi brapa..?

    BalasHapus
  8. @Anonim mungkin trik ini hanya utk e63 atw nokia maps v 2.0 . (hp & versi lain belum nyoba gan ) :)

    BalasHapus
  9. @Elang84 waah kaya'x bisa buat hp saya nich kang di k320i wkwkwk :D

    BalasHapus
  10. @kang Agusductank mendingan pake atlas aja lebih komplit :r met puasa kang... Jangan lupa sahur dulu jam 11 siang, biar tamat magrib... :r

    BalasHapus
Hatur nuhun saupami Baraya tiasa masihan Komentarna perkawis posting di Luhur,,

Dukungan Panyumanget



-Nu Burung Sapopoe-

Future Google PR for elang84.blogspot.com - 3.88
ELANG84