23:57

Aplikasi - Aplikasi Handphone nu Jadi Parabotan Kuring

Sapertos janji Simkuring kamari, kumargi seueur nu naros perkawis Aplikasi-aplikasi naon waè nu di anggo Simkuring kanggo Parabotan pangèdit aplikasi atanapi nu biasa di anggo M-blog mBlogan sapertos kieu.
Aplikasi - aplikasi Nu kalebet kana Parabotan nu ku Simkuring biasa digunakeun tebih kènèh kana kumplit sapertos nu sanès. Sanès teu hoyong nambihan Kumplit, tapi sakieu ogè tos lumayan tiasa ngabantos kana kagiatan M-blog mBlogan mah :z . Simkuring jarang ngaguar perkawis Aplikasi Parabotan ieu tèh kumargi teu aya hiji ogè Aplikasi nu ku Simkuring kaTeuleuman, sadayana ogè masih diTalungtik, sangkan tiasa janten sampurna dina ngagunakeun na.
Nyanggakeun Aplikasi-aplikasi Parabotan Saderhana nu biasa digunakeun ku Simkuring, mugia janten Manfaat... :L
tool app

1. Aplikasi X-Plore (symbian)
Aplikasi ieu mah Wajib, sadaya Kagiatan teu leupas ti Aplikasi File Manager ieu.

2. Super ScreenShoot (symbian)
Aplikasi Kanggo nyimpen tampilan Layar Handphone mangrupi gambar. Upami dina PC mah Print Screen . Kedah aya kanggo Blogger mah aplikasi samodèl kieu tèh.

3. iDesigner (symbian)
Aplikasi kanggo Ngèdit gambar sapertos Photoshop dina PC.

4. Photo Cart (symbian)
Aplikasi kanggo ngagabungkeun sababaraha Gambar janten hiji gambar. Digunakeun saupami nuju males di iDesigner lantaran PhotoCart ieu Hampang tur saderhana ngagunakeun na.

5. Trans Background Embedder (java)
Aplikasi ieu digunakeun kanggo Nambihkeun Transparent Background dina Aplikasi Java sapertos Opera Mini.jar jeung sajaba na.

6. SmartSis v.2.30 (symbian)
Nu biasa digunakeun ku Simkuring kanggo Bongkar Pasang / ngadamel Aplikasi Symbian (.sis), Bongkar Pasang / ngadamel file .mif jeung kalengkepan na .

7. Sis Editor (symbian)
Sami sareng SmartSis , kanggo Ngèdit Aplikasi-aplikasi Symbian (.sis) mung langkung saderhana sabab ngan tiasa digunakeun kanggo bongkar pasang file .sis .

8. Smart Coexist (symbian)
Aplikasi kanggo ngadamel Aplikasi Sis versi Clone ( Ngaduplikasi Aplikasi Symbian ) sapertos Opera Mini Clone.

9. MBM Tool (symbian)
Aplikasi kanggo Ngèdit file MBM sapertos nu biasa na aya dina Background Tema, jeung sajaba na.

10. Mobile Hex (symbian)
Aplikasi kanggo ngèdit Hex, simkuring nganggo ieu kanggo ngèdit bahasa (file rxxx), edit file class jeung sajaba na. ( jarang digunakeun ayeuna mah, da aya pangèdit nu sanès nu langkung hampang ).

11. ZntxHan V 2.06 (symbian)
Aplikasi ieu digunakeun kanggo Ngompress/ngedit file .exe , ngedit bahasa aplikasi symbian, Class editor , ngedit hexadesimal jeung sajaba na.

12. Class Editor (java)
Kanggo ngèdit file class , biasa na digunakeun kanggo ngèdit server OperaMini java.

13. Light Notepad (symbian)
Upami ieu mah simkuring ngagunakeun na kanggo Tulas-tulis, sapertos ngetik Artikel keur bahan postingan, ngèdit file .css , ngedit Template.xml jeung file-file teks sanès na. Sabab aplikasi ieu lewih hampang tur saderhana daripada ngedit di X-plore, atanapi di Office nu aya dina hapè.

* Tambihan kanggo ngèdit Skin Opera mini na, aya OM 6.1 Skin Editor (qvga) sareng OM 6.1 Skin Editor (hqvga).
Kanggo ngèdit Skin Oupeng Browser nganggo Oupeng Browser Skin editor.

Aplikasi-aplikasi di luhur Sangkan tiasa jalan, kedah di dukung ku Aplikasi Python ( upami teu acan gaduh Mangga Kadieu Heula )
Kirang langkung èta Parabotan Simkuring nu biasa digunakeun. Kanggo cara ngagunakeun na mah simkuring teu acan wantun ngaGuar kumargi masih keneh di ajar.. nembè tiasa muka wè hungkul :r sakedik-sakedik mah nya tiasa.. :O
Nyanggakeun,,, Mugia tiasa janten Manfaat...


18 komentar:

  1. alhamdulillah tos dipedar egning requesan teh.hatur nuhun kang bantosanana...hapunten pisan tos ngarepotken.

    BalasHapus
  2. @Nyanggakeun kang away87 , mudah-mudahan ka anggo tur aya manfaat na.. :)

    BalasHapus
  3. Wuih super lengkap atuh kang,melebihi PC itu mah....,mantap mantap mantap... :L

    BalasHapus
  4. Izin download kang,
    Sugan wae abdi tiasa ngagunakeun yeu aplikasi ameh abdi tiasa jadi master jiga Akang nya :)

    BalasHapus
  5. @kang Ada Ilham ya masih alakadarna kang,, masih belum mahir menggunakan nya :)

    @ kang Deden, sok mangga cobian mudah-mudahan akang tiasa jaen Master, tapi sanès siga Kuring.. Da kuring mah sanès Master... Moster meureun gkgkgkgk :rakadarna kang,, masih belum mahir menggunakan nya :)

    @ kang D

    BalasHapus
  6. Seueur geuning nya nu dianggona euy..

    BalasHapus
  7. @kang Yusup Laskar seueur ngan tacan aya hiji gè nu tiasa.. hararèsè ari geus kolot mah diajar na.. :r

    BalasHapus
  8. kang terang tempat nu caket kanggo meser batre e63 original te?

    BalasHapus
  9. @kang away87 kaleresan abdi gè nembè ngagaleuh batrè di rèrèncangan mung 80 rebu, tapi lumayan kualitas na mah.. Upami badè nu ori mah ka Nokia Shop(nokia oke) upami didieu mah di dangdeur aya...

    BalasHapus
  10. nyadiaken layanan upgrade te kang?kinten2 harga batre orina sbrha?

    BalasHapus
  11. @kang away87 pangaos na mah kirang terang tah... Upami upgrade mah tetep ka Nokia Care keun.. Paling tiasa nitip hungkul, teu tiasa di antosan...

    BalasHapus
  12. oooh kitu,hatur nuhun infona kang.insya alloh akh pami aya acis tiis bade ngaluncur ka tkp.

    BalasHapus
  13. kang...ngarungsing deui ath nya...bade nyuhunkeun aplikasi compres mp3...sareng tutor na upami tiasa mah kang....hatur nuhun sateuacana

    BalasHapus
  14. @kang age84 asa tos aya kang AUDIOCUBE didieu atanapi nu ieu MP3 editor ieu, kanggo cara na hilap deui da teu nganggo.. :r cobian weh...

    BalasHapus
  15. oh....nya ath urg ubek eula nya kang.....

    BalasHapus
  16. @kang age84 Pilari dina daftar eusi wè... Da ari abdi mah teu nganggo kompres-kompresan.. Sararehat mp3 na :raftar eusi wè... Da ari abdi mah teu nganggo kompres-komp

    BalasHapus
  17. kang sateuacanna abdi bade ngarerepot akang, abdi gaduh pamunut hoyong parabot office kanggo hp nokia s60v5 puntunteun kang tos ngarerepot. Ke copy+rokok na mah nyusul nya kang hehehe :D

    BalasHapus
  18. @kang zen biasa na office mah aya na mung di NOKIA na langsung, cobian pilari ka Nokia.co.id

    BalasHapus
Hatur nuhun saupami Baraya tiasa masihan Komentarna perkawis posting di Luhur,,

Dukungan Panyumanget



-Nu Burung Sapopoe-

Future Google PR for elang84.blogspot.com - 3.88
ELANG84