14:19

[Mod Symbian] Masang 5 Rupi Aksara Sakaligus dina Handphone Symbian

Tos Lami teu ngaModif tampilan Symbian, riweuh ku nu mènta gratisan... :) padahal aya kènèh Opmin Gratisan kanggo XL, tapi simkuring badè nyimpen heula catetan kanggo ngaModif tampilan Hapè Symbian sangkan ngagaduhan tampilan Aksara langkung ti sarupi :z
Trik ieu kenging nyutat ti Blog na Kang Syahrul dina Judul [Hot Modding] Pasang Lima Fonts sekaligus di Symbianmu, didinya Gamblang dijelaskeun cara-cara masang Aksara dugi ka 5 Rupi Fonts. Cara na mah sami waè mung dina bahasa tur tahap-tahap na sakedik bènten sareng nu diAlaman ku Simkuring kinten-kinten kieu ari simkuring mah (nyesuaikeun sareng kaayaan dina Hapè, nu tos Masang Font Router LT + Font RouterMan).

1. Download & Install Fonts Preview , fungsi na kanggo ninggal Ngaran Asli Aksara.
2.Siapkeun sababaraha jinis Aksara (siapkeun wè 5 atw 6 rupi mah ) nu badè digunakeun, Simpen di E:\Data\Fonts\simpenan didieu.Sangkan teu beurat teuing + ngirangan resiko gagal total nu kedah Hard Reset, saè na masang Font Router LT + Font Router Man di memori external (E) sareng gunakeun Aksara-aksara nu ukuran na Alit (Low ) tiasa di pilari di Padumukan Kang Ihint.
3. Buka (Pasang heula kanu teu acan kantos Robih Aksara mah)Aplikasi FontRouterMan, teras Klik bagèan FontLocation, robah Eusi na janten E:\data\Fonts\*.* (bèntang titik bèntang ).
font routerman location
4. Salajengna Restart heula Hapè na.
5. Saparantos hurung deui, buka Aplikasi Fonts Preview na, catet Ngaran Aksara Standar Hapè baraya... ( mis nu Kuring mah : Sans MT 936_S60 ).
catet font original
Sakantenan catet ogè Ngaran Asli Aksara-aksara nu badè di Kombinasikeun na.
catet font kombinasi
6. Salajengna Download FontRouter.Zip ieu, teras Extract FontRouter.ini ka E:\Data\Fonts\Simpen didieu. Timpahkeun wè kana FontRouter.ini nu tos aya.
7. Edit Eusi tina FontRouter.ini (Nganggo X-Plore). Eusi na sapertos kieu :
.... Gulir kahandap dugi ka mendakan tulisan kieu :

; :
Sans MT UniT_HKSCS_S60=Nokia Sans S60
Taruh font asli hp dsini=*
Taruh font asli hp dsini@12=nama asli font kombi disini@10:A
Taruh font asli hp dsini@14=nama asli font kombi disinii@14AB
Taruh font asli hp dsini@15=nama asli font kombi disini@14AB

Jeung saterusna....
Robah tulisan Taruh font asli hp dsini ku Ngaran Aksara Standar hapè baraya.. (mis: Sans MT 936_S60),
Robah Tulisan-tulisan nama asli font kombi disini ku Ngaran-ngaran Fonts nu badè di Kombinasikeun, dina 5 atanapi 6 Aksara nu badè di Kombinasikeun èta bagi-bagi wè posisi na mah.. ( tinggal wè conto FontRouter.ini nu simkuring )
* Katerangan :
@18, @14 saparantos font Asli nunjukeun Tempat aksara èta tampil,
sakedik info ti Sumber:
14=Sub Title
16=Menu
18=Notes/Sms/Profile/2nd Option/ size font (small)
20=Softkey/option/Info/size font (med)
22=Size font (large)
24=Title/Opera Mini
Upami Angka ahir dina Aksara Kombinasi mangrupi Ukuran na, Mangga èta mah atur-atur wè kumaha salèra.. :)

Saupami tos Bèrès, cobian Restart Hapè baraya...
Hasilna sapertos kieu
fonts mod
Klik kanggo ninggal gambar jelas

Mudah-mudahan cara ieu tiasa ngagampilkeun kanggo Modifikasi Aksara Hapè baraya.. Tur Mugia Manfaat....


9 komentar:

  1. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus
  2. rada seru tah.hanjakal terkendala fw kang,seer panyakitan can' di upgrade mah.komo modif ngangge e2z/c2z mah.gagal teh pasti we kudu di hr.riweh deui nga modingna.

    BalasHapus
  3. @kang away87 mod ieu mah teu nganggo c2z/e2z mung beurat kacida da kedah muka sababaraha fonts nu kaleresan simkuring mah nganggo font nu ageung hungkul... RAM tekor wae... :(

    BalasHapus
  4. symbian paling top deh,, untuk java SE ada g kang..

    BalasHapus
  5. symbian paling top deh,, untuk java SE ada g kang..

    BalasHapus
  6. @kang Agusductank symbian emang bikin yg punya ga bisa tidur kang.. Terus mikirin moddif... Buat SE ga tau juga tuh.. :r

    BalasHapus
  7. kanggo SE mah sakaemut we hehe.rada trauma ngangge SE teh lah.meser 200 kaleresken 400 rb.mening symbian we te sesah ngubaran.asal ulah di bebet2.
    Ngangge font kang ihint mah ararageng kang.kermah hpna deuih dipasang n-gage.asa kagencet we hp teh.punten akh kang agus banyol iue mah tong dilebetkeun kana mnah.

    BalasHapus
  8. @kang away87 bari na ogè da teu ngartoseun atuh kang Agus mah :)
    Kang hayu ah ka Grup fb urang heuheureuyan... Ngarah teu sura-seri sorangan... Klik grup, aya riungan nu burung.. Masuk weh...

    BalasHapus
  9. wilujeng wengi kang.. Ijin nyobi nya kang manawi tiasa kanggo n73 abi.. Haturnuhun..

    BalasHapus
Hatur nuhun saupami Baraya tiasa masihan Komentarna perkawis posting di Luhur,,

Dukungan Panyumanget



-Nu Burung Sapopoe-

Future Google PR for elang84.blogspot.com - 3.88
ELANG84