20:48

Font Combi 1 v7.5NK by Elang84 ( keur di Ajar nyieun Aksara )

Bismillahirrohmanirrohiim...
Assalamu'alaikum, Baraya....
Asa tos lami teu mosting...
Aya waktos sakedik, simkuring nyobian ngoprèk Font kanggo tampilan Handphone Symbian simkuring... Biasa na simkuring nganggo Font-font nu di candak ti blog na Master Font ( Kang Ihint ) nu tos malang melintang dina perkawis Aksara mah... :z
Kumaha Font editan simkuring?
Kumargi simkuring resep kana Aksara Kingthings Exeter, tapi font ieu masih standar... Teu support seueur Unicode. Kumargi èta Simkuring Ngoprèk salah sahiji Font Kang Ihint nyaèta Tekton v7.5NK nu di gentos huruf utami na (simbol na mah masih Tekton ), Huruf Kapital digentos ku Font Old English, Huruf alit na digentos ku KingThings Exeter, Angka na nganggo font Broadway. :z janten Opat Jenis Aksara dihijikeun dina ieu Font editan simkuring...
combi font
combi font
combi font
Kirang langkung kitu tampilan na mah...

Kanggo nu badè nyobian nganggo Font ieu kanggo hapè na, mangga di cobian... Sateuacan dipasang, peryogi uninga Font ieu sateuacan di edit, asli na Versi 7.5NK ti Kang Ihint nu mana aya katerangan kanggo Font jinis NK sapertos kieu saur Kang Ihint tèh :z
Di versi ini, font support semua unicode language
kecuali korean. Tapi kelebihannya, size fontnya
menjadi lebih kecil dan bisa di install di Hp Nokia
FP2. tapi saya ga bisa jamin semua bakal
compatible lho. So resiko ditanggung penumpang.

Nyanggakeun ....
Font Combi 1 v7.5NK by Elang84

donlod


*Hatur Nuhun kanggo Master Font Kang Ihint (www.ihint.net)


21 komentar:

  1. Wa'alaikumsalam kang Elang :D
    Izin nga-download font na nya kang.
    Hatur Nuhun kang.

    BalasHapus
  2. @kang Deden mangga dicobian.. Font editan nu ka Hiji ti simkuring... :)

    BalasHapus
  3. punten kana kang elang,bieu atos didudut,tapi dicandak kukulingan ula,untungna masih keneh apal eta kana pass twit na..alhamdulilah sesuatu:-D,haturmunun kang langjut

    BalasHapus
  4. @kang cuys ngahaja ngagawèkeun heula... Alhamdulillah atuh ari Sesuatu mah :r

    BalasHapus
  5. saya malah bingung kang yg kaya ginian.. hehe

    BalasHapus
  6. Kang hoyong donld ngan teu gaduh akun twiter sayah aduh ndesoooo hari gini ga punya akun twter:D wkkwk

    BalasHapus
  7. heuheu ideuh.... Bisa'an geuningan...
    Hoyong nyobian eung...

    BalasHapus
  8. @kang Agusductank ko malah bingung ? Hehehe, ayo kapan ke symbian??

    @kang Alie.. Heuh dasar ieu mah, ieu atuh lah husus keur kang alie http://wapup.mobi/c14646

    @kang Dhanjeung... Sip... Mangga di cobi upami cocok font combi, insya Alloh ngadamelan deui..

    BalasHapus
  9. ngiring absen we ah... Kumargi tsel lemot wae gening ayeuna mah.....

    BalasHapus
  10. Makin mancap wae ieu mah c akang ieu, hehe
    Bade nyobian kang akh,,hehe
    Hatur nuhun...
    :p

    BalasHapus
  11. @kang cenom cobo opmin sis na atuh... Upami nuju lemot, putuskeun heula koneksi teras cobi deui...

    @kang Hikayat ngeureuyeuh kang di ajar...

    BalasHapus
  12. Fans na kang elang24 Oktober 2011 pukul 22.21

    Kang gening teu tiasa di donlot nya kunaon euy,
    Pusing yeh jadi na ;(

    BalasHapus
  13. @ Fans na kang Elang,, :r aya Fans sagala kawas ka Artis :r ieu atuh kang Link Download na, nu luhur mah kedah lebet heula twitter...

    BalasHapus
  14. Uhun lur anu luhur enamah lebih nikmat nanjak katonggoh tah bisa didonlod heheu:D

    BalasHapus
  15. Fans na kang Elang25 Oktober 2011 pukul 17.43

    Aduh kang Elang abdi tos ngadadak ngadameltwiter (da td namah teu gaduh)tp tetep weh abdi teu acan bisa nga donlot yeu kang
    ;(
    Hapunten atuh kang link donlot tan na teh siga nu di luhur babari di donlot.
    Hampura nya lamun abdi teh bawel maklum kang
    Ndeso lamun ceuk kang Tukul mah :D

    BalasHapus
  16. @Fans na kang Elang mangga taya tuh dina koment, link na http://wapup.mobi/c14646 sok gera..!! :)

    BalasHapus
  17. fans na kang Elang25 Oktober 2011 pukul 20.07

    Alhamdulillah kang Elang tos bisa yeuh
    :D
    Hatur nuhun kang :)

    BalasHapus
  18. Kang, nepangkeun simkuring nu masih keneh luak lieuk can meunang lauk di alam enet2an.

    BalasHapus
  19. @kang Sepseha hehehe... Sok atuh gera eupanan kadinyah... Wilujeng kokorèh sasieur aabeunyeureun,, mugia manfaat...!!

    BalasHapus
  20. hahahahahahahaaa. . .

    Mantep kang. . Tpi tdi kang rada ngajenghok pas torojol kna twitter,untung msih belul. .
    Cuman uinx sok ragu euy ngadownload na tara angges gagal wae. . .
    Kuring mke opmin xl nu skin na android. .

    BalasHapus
  21. @budak boloho XL mah sok kitu cenah, tapi terus cobian dugi ka hasil nya..!!!

    BalasHapus
Hatur nuhun saupami Baraya tiasa masihan Komentarna perkawis posting di Luhur,,

Dukungan Panyumanget



-Nu Burung Sapopoe-

Future Google PR for elang84.blogspot.com - 3.88
ELANG84