20:26

Ngatur Tampilan Jam Di Layar Awal Hapè Symbian

Wilujeng wayah kieu ah... ;)
Sakedik gaduh catetan kanggo tampilan Jam di Layar Awal Handphone Symbian... Tangtosna Kanggo Aplikasi ieu mah tos papada uninga :v da tos Jadul siga na mah, tapi Upami urang tiasa ngolah na mah sanajan Jadul ogè tetep bakal ngarobah tampilan Home Screen Symbian urang katinggal mèncrang.. :L
clocktop

Aplikasi nu badè di guar nyaèta Clock Top Autostart nu saleresna kantos ogè di bagikeun ku simkuring... Saupami teu acan, mangga Download heula Clock Top na nu ieu.
Mung cara ngarobih Skin atanapi gambar na mah teu acan. Padahal pituduh kanggo ngadamel skin tos aya di lebet aplikasi na. :z nu di peryogikeun kanggo ngadamel(ngèdit) Skin ieu teu seueur, mung peryogi MBMtool kanggo nga-Pack gambar na kana format .mbm :y (mbm tool tiasa di candak Didieu)
Cara ngarobah Gambar na:
- Saparantos MBMtool dipasang, aya folder python\mbmtool dina memori tempat MBMtool dipasang (meryogikeun app Python) nu dilebetna aya dua folder, img sareng mbm.
- Simpen file .mbm nu badè di èdit dina folder mbm.
- Teras buka App MBMtool na, pilih drive dimana folder Python\mbmtool aya. Teras gèsèr kanggo milih mbm. (aya nami file mbm nu disimpen nembè).
- Klik pilihan teras pilih Unpack. (antos sakedap )
- Upami tos rèngsè prosès unpack na, bakal aya Gambar dina folder img. Tah, gambar èta nu di robah (edit) , tiasa nganggo idesigner atanapi gambar nu tos aya. (ngaran file gambar teu kènging dirobah)
-Saparantos di Robah, buka deui MBMtool kanggo nga-Pack gambar nembè kana format MBM. Upami bèrès file mbm na aya dina folder mbm.

Salajeng na Ngatur posisi Jam na. :z
- Salin file mbm nu tos di èdit ka !:\system\Clocktop\skins (simpen didieu). Ngaran file samikeun sareng tadi (tiasa gentos asal ngaran file.ini ogè sami digentos )
- Salin ogè file.ini nu nami na sami sareng file mbm nu di èdit tadi. Ka !:\system\Clocktop\skins\ (simpen didieu)
- Edit file.ini nembè (nganggo X-plore ). Patokan na sapertos kieu :
Harti Angka dina Pangaturan skin (file.ini).

A. Jam Digital (Nu Nampilkeun Jam ku Aksara dina hapè):
1. font
2. Posisi Jam dina mode standby
3. Ukuran gambar background
4. Posisi Angka
5. Ukuran Angka
6. Warna Angka
7. Ngaran Aksara


B. Jam Digital (Nampilkeun Jam ku Angka dina Gambar):
1. image
2. Posisi jam dina mode standby
3. Ukuran gambar background
4. Posisi angka
5. Ukuran digits
6. Ukuran separator (pamisah jam & menit)


C. Jam Analog :
1. analog
2. Posisi dina mode standby
3. Ukuran gambar background
4. Posisi tengah (as) jarum jam
5. Ukuran gedè leutik na Jarum jam
6. Ukuran panjang na Jarum jam
7. Warna Panunjuk Jam (RGB)
8. Warna Panunjuk Menit (RGB)
9. Warna Panunjuk Detik (RGB)
10. Warna Aksara keur tanggal jeung Poè (RGB)
11. Posisi Tanggal
12. Posisi Poè
13. Ukuran aksara (tanggal, poè)
- Cobi buka Aplikasi ClockTop na, pilih Setting kanggo milih Skin nu nembè di jieun, upami tos kapilih tur posisi na tos mernah, klik Back teras klik deui Aktivate teras Enable/restart. ( upami tampilan na masih acak-acakan, teras èdit file.ini dugi ka tampilan na Pas...!!!
Sababaraha Skin Asal-asalan Simkuring...
clocktop
clocktop
Sakitu heula catetan Kuring dina danget ieu...
Mugia aya Manfaatna....
Sok Kaluarkeun krèatifitas Salira...!!! Nu pastina bakal langkung hadè tibatan simkuring :z
:s :s :s


12 komentar:

  1. kang naha opmin 6,1 java nu kanggo tilu tea.teu tiasa ka install dina hp samsung corbi?manawi trang kendalana tina naon?
    Hajuh lier tos ngobrolken mbm reng kanca2 na mh,mening emut deui ka ci denok.hikhikhik
    Diantos kang solusina!

    BalasHapus
  2. kang naha opmin 6,1 java nu kanggo tilu tea.teu tiasa ka install dina hp samsung corbi?manawi trang kendalana tina naon?
    Hajuh lier tos ngobrolken mbm reng kanca2 na mh,mening emut deui ka ci denok.hikhikhik
    Diantos kang solusina!

    BalasHapus
  3. @kang away87 wah.. Kacau geus resep ngaModif awèwè mah :r ,, kanggo Opmin dina sababaraha Hapè emang sok teu tiasa di instal (hapè samsung sok sering mendakan mah) ari ceuk feeling mah sigana aya kendala sertifikat kang,, mung simkuring ogè tacan ngoprèk jero tah kadinya mah.. cobi heula ku Handler na, da sami uae...!!!

    BalasHapus
  4. muhun siganamah kang feeling abdi ge kadinya.
    Dupi kanggo indosiar gaduh nu haratis nganggo jalur standar te kang???kanggo di angge kana corbi na ci denok.
    Mun tea mh teu bisa ngaharatiskeun.paur menta tuker we reng hp uing.kgkgkg.diantos pisan kang bantosanana!

    BalasHapus
  5. @kang away87 kanggo indosiar masih tetep kedah nganggo jalur sakti kang... Di atur we da gampang...

    BalasHapus
  6. Slamat pagi kang, nyimak aja kang.. :D

    BalasHapus
  7. symbian memang top modif,, kapan sy bs punya symbian.. hehe

    BalasHapus
  8. symbian memang top modif,, kapan sy bs punya symbian.. hehe

    BalasHapus
  9. waaah... Ada Sobat ahli nyimak nih... @ kang Ada Ilham sama @ kang Agusductank.... Kapan donk bantuin saya modif symbian ??? :) :)

    BalasHapus
  10. wilujeng wengi,kumh kbrna punten kang nembe lbt deui.mung tiasa nyimak wae kang,mudh2n N81 nu udur geura tiasa ka dokter

    BalasHapus
  11. @kang Musick Gallery aduh kamana uae ieu teh?? Duh panyawat naon kang N8 tèh? Mugia cing ènggal jag-jag ah...

    BalasHapus
  12. ning N81 kok gak jalan gan.. clock to na
    malah mung kedip2 pisan oe..

    BalasHapus
Hatur nuhun saupami Baraya tiasa masihan Komentarna perkawis posting di Luhur,,

Dukungan Panyumanget



-Nu Burung Sapopoe-

Future Google PR for elang84.blogspot.com - 3.88
ELANG84