15:26

Opera Mini 5.1 Gratis Internet nganggo Telkomsel.

Sapertos kabiasaan sadidinten, upami gugah kulem sok langsung kakarayap kanu Hape, teras muka Opera mini atanapi mung sakedar ngahurungkeun Hape nu tos nyarengan istirahat.

Kitu deui enjing-enjing tadi, simkuring gugah, langsung ngahurungkeun Hape da gaduh proyek hoyong cocoretan di ieu Blog. Nembe ge di Aktifkeun tos aya SMS ti Telkomsel ngawartosan yen masa aktif paket internet Simkuring tos seep, biasana langsung aktif upami pulsa na nyekapan mah, tapi berhubung Pulsa teu nyekapan, nya kedah di daftarkeun deui ka *363# saurna teh...

Aduh,,, ahir bulan kieu boro-boro ngeusian pulsa... Keur udud ge seuseut gening... keun ari ngan ukur hoyong Facebookan mah, da aya Aplikasi Facebook Gratis. Ari kanggo nga-Blog atanapi Downloadan mah tangtosna Simkuring nganggo Opera mini.
Ras simkuring emut kana aplikasi Opera mini nu kungsi di Download di situs na Kang Bagas96 nyaeta OPERA MINI GRATIS kanggo Telkomsel...

nyobian dibuka,,,, Aduh gusti..... Asa kasambung nyawa,, keur seuseut pulsa teh aya we jalan mah kanggo internetan gratis,, mangga kanu peryogi, baraya.. Husus na anu nganggo telkomsel, download wae Opera mini 5.1 gratis na di handap ieu.


Download Opera mini 5.1 gratis T-Sel

opmin5



.


0 komentar:

Mangga kanggo komentar kahiji, Lur... Dina Opera Mini 5.1 Gratis Internet nganggo Telkomsel.

Dukungan Panyumanget



-Nu Burung Sapopoe-

Future Google PR for elang84.blogspot.com - 3.88
ELANG84