08:54

Cara Maèn game SEGA dina Hapè Symbian

sega

Bisa kitu maèn game SEGA dina handphone ?? Geus rupa-rupa waè... Jadi inget jaman keur leutik, mun balik sakola tèh teu langsung balik ka imah, tapi ulin heula ka babaturan anu boga kaulinan SEGA, da puguh Simkuring mah teu ka beuli nu kararitu, hayang gamewatch (Gimot cenah) ogè kudu nungguan Kanu lima bulan kakara kabeuli.. (beuh.. Kaburu teu usum :D )
Dina SEGA sok resep maèn game Mario Bross atawa game Gelut Mortal Kombat,, hmmmm... Jadi inget deui wèh ka Batur ulin keur jaman Nongtot lèho.. (ayeuna ge masih Nongtot lèho :D kètang)
Langsung waè ah, pan judul na ogè Maèn Gamè SEGA dina Handphone, ieu mah asli gamè sèga, sanès Game-game Handphone biasa na, sabab mangrupi Game Emulator... Nami Emulatorna PicoDrive, mangga Pasang heula Emulator na...
picodrive
Mangga
Download PicoDrive s60v3-s60v5
Download PicoDrive s60v3 (potrait)
Download PicoDrive s60v2
Download Emulator Sega kanggo PC


Cara maèn na kantun muka PicoDrive saparantos dipasang, teras pilih Load new ROM/ISO arah keun kana file rom anu bade di Paènkeun na di simpen, teras pilih Roms Game na. Atur ogè kanggo layar, atanapi Control game na... :k
Sakedar conto Roms Game na, kanggo ngawitan simkuring nambihkeun heula Game Mortal Kombat
mortal kombat
Download Mortal Kombat.zip

Teras aya Super Mario Bross
mario bross
Download Super Mario World.zip

Tah, file Roms èta nu dimaksad tèh :D , teu kedah di extract ogè tiasa jalan Lur....!!! :c , Mangga gera Cobian...

: k


0 komentar:

Mangga kanggo komentar kahiji, Lur... Dina Cara Maèn game SEGA dina Hapè Symbian

Dukungan Panyumanget



-Nu Burung Sapopoe-

Future Google PR for elang84.blogspot.com - 3.88
ELANG84