11:49

Cara Gampang Ngadambel CER sareng KEY ku XStevedore ( Cara Hack Symbian )


Masih kènèh seueur patarosan perkawis Cara Hack Symbian s60v3, gening seuseueurna mandeg dina palebah Cara Ngadamel sertifikat sareng konci di OPDA, nya da Simkuring ogè sok kesel da ku lami na sareng kedah Registrasi heula.. :(
Aya sakedik tambihan penting kanggo Cara ngadambel atanapi Download CER sareng KEY kanggo Handphone Symbian, nu ieu mah teu kedah ngantos sababaraha jam komo dintenan mah,, kirang ti saMenit ogè tos kènging 2 file penting èta kanggo Hack Symbian. Nami Aplikasi na XStevedore. :@
Mung kanggo ngawitan mah ( Hapè teu acan di Hack / Original ) wayah na nganggo anu bahasa China heula nya? kumargi mung nu ieu nu Orsinil na mah ( Signed ). Mangga atuh Download XStevedore Chinese (signed) .zip, atanapi XStevedore.sisx anu ieu, Teras buka Aplikasi na saparantos diPasang mah. :k
Saparantos diBuka, (kajeun tulisan jeung Bahasa na teu kaharti gè) teras klik tombol Pilihan (kènca), klik deui Tool (nu ka-dua di luhur ), teras Klik Download Certificate ( nu ka -Tilu di luhur ).. Upami nganggo bahasa Inggris na mah kieu. :
xstevedore

xstevedore
:z
Tuh, kantun kitu,,, :y teras aya parèntah nyambungkeun ka internèt, sareng mènta jalur akses kanggo nga Download na, tangtukeun tempat nyimpen sareng nami CER sareng KEY na (biasa na di E:\ nganggo nami MyCert )... :z tah, bèrès Ngadamel Sertifikat, teras ka Cara Signing Aplikasi ku Free Signer kanggo salajengna Hack Symbian nganggo HelloX.
;)
Mugia manfaat, saupami aya anu kirang punten nyerat waè di komentar nya?? ;)



0 komentar:

Mangga kanggo komentar kahiji, Lur... Dina Cara Gampang Ngadambel CER sareng KEY ku XStevedore ( Cara Hack Symbian )

Dukungan Panyumanget



-Nu Burung Sapopoe-

Future Google PR for elang84.blogspot.com - 3.88
ELANG84