13:15

Cara Misahkeun File Musik Dina Pamuter Musik Hape Symbian Sangkan teu campur jeung Nada dering

Waduh, meumeujeuhna panas meni molèrèt kieu raosna naon nya? :o Atuh ari panas mah raosna ngiuhan, maenya papanasan :O istirahat siang dirèncangan ku kawih-kawih kameumeut.. Sapertos Kawih-kawih Sunda, atanapi kawih nu nuju populer kiwari :) Hmmmm... Raoseun pisan, :L :$
musik
Tapi Simkuring sanès badè ngabagi Lalaguan :@ mung badè ngabagi tips Supados dina waktos muter kawih dina handphone Symbian teu ka ganggu ku nada dering, atanapi file-file audio anu ngiring kalebetkeun kana pamuter musik. :z . Sapertos kapungkur aya Folder Play anu tiasa muter lalaguan sapertos dina hape Java (sa-folder sa-folder diputer). Janten moal ngadangu aya nada dering waktos nuju raos-raos ngadangukeun kawih tèh :L
Nu Pastina cara ieu kanggo hape anu parantos di Hack.(Baca Cara Hack na).
Langsung waè kana cara na anu saderhana. :k
- Buka Aplikasi X-Plore .
- Pisahkeun Folder Kawih nu biasa diputer ku pamuter musik, sareng Nada dering atanapi File Sound anu moal di lebetkeun kanu pamuter musik. ( mis: Lalaguan aya di E:\Hariring teras Nada nu sanès na di E:\Sound )
- Salin file 101ffcd2.txt nu aya di Z:\Private\10202be9 ka C:\Private\10202be9(simpen didieu)
- Edit file 101ffcd2.txt nu tos aya di C:\Private\10202be9 nembè, Klik Menu > File > Atribut leungitkeun tanda cèntang na. Teras klik Menu > File > Atur(edit).
- Sapertos kieu eusi na nu asli nembè :
cenrep
version 1
[owner]
0x101FFCD2
[defaultmeta]
0
[platsec]
cap_rd=alwayspass
[Main]
0x1 string "C:\\DATA\\|E:\\" 0 cap_rd=alwayspass cap_wr=alwaysfail
0x2 string "\\SYS\\|\\PRIVATE\\|\\SYSTEM\\" 0 cap_rd=alwayspass cap_wr=alwaysfail
0x3 string ".odf|.dcf|.asf|.m4a|.mp4" 0 cap_rd=alwayspass cap_wr=alwaysfail
0x4 string "C:\\data\\sounds\\digital\\|E:\\sounds\\digital\\" 0 cap_rd=alwayspass cap_wr=alwaysfail
Perhatikeun Tulisan warna Beureum di Luhur. nu baris diRobah na. Janten sapertos kieu :z
cenrep
version 1
[owner]
0x101FFCD2
[defaultmeta]
0
[platsec]
cap_rd=alwayspass
[Main]
0x1 string "E:\\Hariring\\" 0 cap_rd=alwayspass cap_wr=alwaysfail
0x2 string "\\SYS\\|\\PRIVATE\\|\\SYSTEM\\" 0 cap_rd=alwayspass cap_wr=alwaysfail
0x3 string ".odf|.dcf|.asf|.m4a|.mp4" 0 cap_rd=alwayspass cap_wr=alwaysfail
0x4 string "" 0 cap_rd=alwayspass cap_wr=alwaysfail
Tulisan C:\\DATA\\|E:\\ dirobah janten E:\\Hariring\\ , :z teras tulisan C:\\data\\sounds\\digital\\|E:\\sounds\\digital\\ dihapus wèh... :z
- Buka Pamuter musik na, teras Refresh !!! Hasilna, file sora nu kabaca ngan nu aya di Folder E:\Hariring\ ,
musik refresh
Kumaha Lur...!!! Kabayang teu?? Upami lieur mah, ieu we aya conto file 101ffcd2.txt nu kantun di Extract di C:\Private\10202be9 edit wèh nami folder na sakumaha nami folder tempat nyimpen Lalaguan Baraya... :) :)
Nyanggakeun ah.... 101ffcd2.txt.zip

Mugia manfaat....!! :s :s


7 komentar:

  1. nuhun kang info na,emang si sok ngaganggu eta nada dering umpmi nju ngadangu ken kawih nu di kapiraos

    BalasHapus
  2. keee.. ieu mah kedah lalaunan srng nyalse diajarna.... rada paur...

    BalasHapus
  3. Lapor gan,
    saya susah bacanya, tapi salut masih aktif ngeblog dengan bahasa ibu.

    Ada awards buat akang
    blogger awards 2011 & blogger satu hatian bahasa ibu.

    Ada awards buat akang
    blogger awards 2011 & blogger satu hati

    BalasHapus
  4. @ JuraganMusick Gallery , muhun kitu tah... Tapi ayeuna mah moal tah saparantos ku cara ieu mah..

    BalasHapus
  5. @ Kang Cenom.. Naha meni kedah ngantosan nyalse... pira kitu ogè ah,,, hehehe....

    @Kang Yunan Thank's banyak Kang... saya belum begitu paham mslh Award, kemarin saya Posting ''yg Duduluran'' apa itu bisa dikatakan Award kang?

    BalasHapus
  6. @ kang Dhanjeung Mobile blog alhamdulillah, muhun kang.. Teu acak2an lagu teh... :)

    BalasHapus
Hatur nuhun saupami Baraya tiasa masihan Komentarna perkawis posting di Luhur,,

Dukungan Panyumanget



-Nu Burung Sapopoe-

Future Google PR for elang84.blogspot.com - 3.88
ELANG84