13:11

Cara Anyar Hack Symbian nganggo DrWeb AV ( tanpa Flashing tanpa Sertifikat )

Dua dinten kapengker Mendakan bèwara hadè kanggo pangguna Symbian nu dugi kiwari hèsè nga-Hack lantaran teu aya nu tiasa masihan Sertifikat & key salaku cukang kanggo Nyertifikatan Aplikasi-aplikasi nu masih Unsign (terhambat sertifikat).
Cara ieu gampang-gampang susah.. Gampang na sapertos Cara Hack Symbian Tanpa Sertifikat, sakedik rada sesah na kedah ngangunakeun Komputer atanapi nyuhunkeun bantosan hapè symbian sanès nu tos status Hacked kanggo Nyimpen file-file utami dina cara ieu, ka Folder Private nu aya dina kartu Memori(external) hapè nu badè di Hack na.
Kieu salengkepna mah nu ku Simkuring di Cutat ti Symbian-Coderus
Symbian hacked again!
All greetings say to IAL from DimonVideo

1. Connect phone with PC, or memory card to cardreader, or
memory card to other non-nokia device (need access to
private folder)
-. If you will use E memory (mass storage, or memory card in
devices without mass storage memory) download QuarantineDriversLDD.zip
-. If you will use F memory (memory card in devices with mass storage memory) download QuarantineF.zip
2. Unpack archive to choosen memory.
3. Download and install DrWeb6 for symbian
4. Launch DrWeb.
5. Go to Options - Quarantine
coderus
6. Go Options - Select all
7. Go Options - Restore
-. RomPacther drivers now in c:\sys\bin folder
8. Download and install RomPacther+ 3.1 Lite
9. Launch RomPatcher+ and apply Open4all patch

-. Now you have access to write in all system folders
-. If need you can apply installserver patch, or found in web
installserver.exe (installserver needs for installing all
applications without any certificate restrictions). For S^3
use my instalslerver .

Upami di hartoskeun kana bahasa Sunda mah Sedih :( ... Sedih na da teu ngartos atuh :r
Candak inti na wè sakumaha nu parantos ku Simkuring di Praktekkeun dina nokia E5.

Download heula Paralatan nu diperyogikeun na..
- QuarantineDriversLDD.zip
- DrWeb6 for Symbian
- RomPatcherPlus 3.1 Lite
Cara na:

1. Lebet keun kartu Memory (external) hapè kana PC nganggo CardReader (kumargi da seuseueur na mah mung drive E janten nu di pedar ku Simkuring mah nu kanggo di Drive E hungkul wè..) atanapi nganggo Hape Symbian nu sanès nu parantos ka Hack tur RomPatcher+ sareng folder Patches na ka instal atanapi aya na dina memori hapè(internal)
-.Extract folder 20024113 katut sadaya eusina nu aya dina folder Private dilebet QuarantineDriversLDD.zip nu di download nembè ka Folder Private Kartu Memori Hapè nu badè di Hack tèa.
2. Saparantos Prosès èta bèrès, Lebetkeun deui wè Kartu Memori nembè kana Hapè nu badè di Hack na. - Ngopi heula wèh... Mun aya mah sareng 234 na :r
3. Pasang Aplikasi drweb-600-symbian-s60.sis na, teras Buka (upami kedah registrasi atanapi naon, cancel wè..)
-.Klik Pilihan > Quarantine. ( Upami Proses nomer 1 na Leres, bakal aya 3 File nu di Karantina sapertos gambar
coderus
-.Klik deui Pilihan > Sellect All
-.Klik deui Pilihan > Restore
-.Dugi kadinya DrWeb na tiasa di tutup.
4. Pasang Aplikasi RomPatcherPlus 3.1 Lite na, teras Buka.
-.Apply Open4All.rmp na, upami tanda na di cèntang hèjo berarti Hapè tos Sukses ka Hack..!!!(tiasa muka folder Private atanapi Sys) :L

Salajeng na mah kantun Nyimpen file Installserver.exe nu cocok kanggo Hapè na di C:\Sys\Bin\simpen didieu. Kanggo InstalServer.exe na, mangga tiasa dicandak Di Dieu.
Upami tos dipelakan instalserver.exe mah Aplikasi nu Unsign ogè langsung melebes, moal aya hahalang sertifikat. RomPatcher+ Lite tiasa di gentos Ku RomPatcherPlus 3.1 Full version.

Mugia catetan ieu aya manfaat na....


31 komentar:

  1. ari aplikasi exstevedore tos te tiasa ngadamel sertifikat kitu?kuring ge kang ngawitan nga heck teh ngangge aplikasi eta ngadamel sertifikatna.cara ieu mah asa rada ribet katinggalna ge(te gaduh komuterna haheheheh)mening keneh heck tanpa sertifikat nu ti akang,saya ge nga heck e71 nu rencangan sukses ku cara eta.

    BalasHapus
  2. @kang away87 , xtvedore gè ayeuna mah macèt.. Nya kanggo s60v3 fp1 mah masih tiasa ku cara tanpa sertifikat ka 1, mun masih bandel sapertos e6 e5 (fp2 fw anyar) kedah nganggo nu ieu waè..

    BalasHapus
  3. diantos kang pedaran aplikasi parabot anu kamari tea!

    BalasHapus
  4. @ Insya Alloh kang away87 , paling sapalih2... Wè nya.. :r

    BalasHapus
  5. mangga kang diantoz.

    BalasHapus
  6. raoseun cara ieu kang, kamari hack e63 srg c5-03 teu aya 15 menit kantun copy2 we atahanna na.. Lumayan tiasa ngebul srng ngopi he...he...

    BalasHapus
  7. @kang cenom muhun kang ari caket sareng komputer mah... Tapi ari ukur e63 mah nganggo system .sys-bin we nu kamari... Upami e5 kaluhur pasti kedah nu ieu...

    BalasHapus
  8. asa-asa na teh leuwih ribet ieu mah kang,,

    Wilujeung sonten kang,,

    BalasHapus
  9. kang gaduh font adu rada betah soca ninngalna?

    BalasHapus
  10. @kang dhanjeung muhun kang... Tapi upami aya PC na mah simple daripada kedah nganggo sertifikat mah..

    @ kang Away 87 ari font mah tetep abdi nyandak di Kang Ihint...

    BalasHapus
  11. akang ngangge font anu mn kang?

    BalasHapus
  12. @kang away87 ampir sadayana font v 7.5 di candakan... Ayeuna nuju di Blackchancerry...

    BalasHapus
  13. sampurasun...amang ieu abi teh nga hack nganggo cara ieu tp pas restoring na ngan ukur "working" weh..bari ku lami,teu beres2 kedah kumaha ath ieu teh mang..sampurasun...amang ieu abi teh nga hack nganggo cara ieu tp pas restoring na ngan ukur "working" weh..bari ku lami,teu beres2 kedah kumaha ath ieu teh mang..

    BalasHapus
  14. @Anonim , dupi hapè na naon type na? Upami tos leres cara na, cobian teras, atanapi hapus heula drWeb na teras pasang deui & cobian deui...

    BalasHapus
  15. kang punteun ah bade tumaros...
    Ieu kang Nokia 5800 XM tos di hack ku cara nu sapertos di luhur tadi...
    Masalahna ko teu tiasa nginstall aplikasi "Xplore" gagal bae kang... Pami kitu knaon tah kang...
    Da puguh ari Rompatcherrna "Diable" mah teu tiasa...( certificate eror )
    Nyuhunkeun bantosana kang.... Hatur nuhun.
    kang punteun ah bade tumaros...
    Ieu kang Nokia 5800 XM tos di hack ku cara nu sapertos di luhur tadi...
    Masalahna ko teu tiasa nginstall aplikasi "Xplore" gagal bae kang... Pami kitu knaon tah kang...
    Da puguh ari Rompatcherrna "Diable" mah teu tiasa...( certificate eror )
    Nyuhunkeun bantosana kang.... Hatur nuhun.

    BalasHapus
  16. @k_dear biasa na èta Masalah na dina lepat na ngalebetkeun Instalserver.exe ka c:\sys\bin, Cobi Gentos atanapi lebetan heula upami teu acan, file instalserver.exe nu sesuai sareng type Hapè na....

    BalasHapus
  17. tah eta cgana masalhna kang.... Mung kmh carana extrac instalserverna... Pami teu aya aplikasi xplorena mah kang...??? Da gening di instalna gagal wae kang...
    Nyu unkeum pencerahana kang...
    Hatur nuhun....tah eta cgana masalhna kang.... Mung kmh carana extrac instalserverna... Pami teu aya aplikasi xplorena mah kang...??? Da gening di instalna gagal wae kang...
    Nyu unkeum pencerahana kang...
    Hatur nuhun....

    BalasHapus
  18. @k_dear cobi masang X-Plore na anu Original, anu Sign kang... Ulah anu Unsign(tos dimodif)...

    BalasHapus
  19. tas d cobian eta ge.. Nu signd boh nu unsignd... Angger teu tiasa..kang.???tas d cobian eta ge.. Nu signd boh nu unsignd... Angger teu tiasa..kang.???

    BalasHapus
  20. @k_dear terahir cobian pengaturan Aplikasi na, bilih meminta sertifikat... Upami masih saran simkuring mah hard reset heula kang...!!!

    BalasHapus
  21. Punten kang,ari hp nokia e63 pake instalserver.exe anu mana d cobian ku abi angger wae sertifikat bermasalah padahal rompather+ na mh ts sukses aya tanda warna hejo tapi angger wae te tiasa ngintal,tulung d bantu kang,..

    BalasHapus
  22. te siasa nginstal mksdna teh kang,trs cara nyimpen k c:\sys\bin na kmh,extract sanes?

    BalasHapus
  23. @Anonim nganggo ieu we...Hack e63, extract ka c:\sys\bin (cat: open4all.rmp kedah tos di apply dina romPatcher+)

    BalasHapus
  24. hatur nuhun kang,taping gening d app rompatch+ na te aya ngaran add,eta kmh kang

    BalasHapus
  25. hatur nuhun kang,tapi d app rompatch na te aya menu add aolikasi,kmh eta

    BalasHapus
  26. te aya ngaran add auto kang

    BalasHapus
  27. kang, saparantos beres, nahanya pas bde nginstal aplikasi na jadi file corupted, sadaya aplikasi nu bde d install pasti file corupted nu tdina hnteu oge, nyungkeun bantosana. Hpna nganggo 6120c

    BalasHapus
  28. @anonim hapunten nembe kabuka.. Katimpah koment na... Klik pilihan kang.. ( atuh pastina oge tos kapendak)

    @kang Rizal Putra Sunda hapunten ieu koment katawis spam, janten telat bijil... biasa na lepat file instalserver.exe, cobi gentos..

    BalasHapus
  29. kang elang.. punten ah bde naros,, kamari teh kertu memori abi d format janten aricalan applikasi anu tos d sedot ku abi ti kang elang teh.. hehehe abi bd naros upami anu i-sms dmn kang nyimpeuna dmn??? abi bd nyedot deui upami di ijinannmah,,:-) teras abi kedah ngahack deui teu kang?? nhun ah elmu na :-)

    BalasHapus
    Balasan
    1. Pilari di Daftar Eusi we... Sadayana postingan aya didinya...
      cobi pasang RomPatcherplus na, upami kapasang mah teu kedah Hack deui...

      Hapus
Hatur nuhun saupami Baraya tiasa masihan Komentarna perkawis posting di Luhur,,

Dukungan Panyumanget



-Nu Burung Sapopoe-

Future Google PR for elang84.blogspot.com - 3.88
ELANG84