08:30

Cara Hack Handphone Symbian Tanpa Sertifikat

Kawitna Simkuring ogè teu percanten, Handphone Symbian tiasa di Hack Tanpa meryogikeun sertifikat. Tapi saparantos ngalaman mah nembè percanten, mangkana Simkuring wantun Share ogè. :)
hack s60
Bingung atuh da, badè nga-Hack Handphone, teras ngadamel Sertifikat&key ka OPDA / shoujizu.net nu tos saminggon teu bèrès-bèrès. Nyobian deui ngadamel di S60certkey.com nya kitu kènèh, Pending.. :# Nya nyobian naros ka mbah Gugel. Cara na kieu : :z




- Buka Aplikasi X-Plore na.
- Jieun Folder Anyar dina Memory kartu (E), pasihan nami bebas, conto : Hack
hack symbian tanpa certificate
- Jieun deui folder di jero folder Hack eta, namian .sys (nganggo titik di payun), sakalian jieun deui folder anyar di jero folder .Sys nembè namian Bin
hack symbian tanpa certificate
- Extract hiji File instalserver.exe ka jero folder Bin ( E:\Hack\.sys\bin\instalserver.exe ). Kanggo file instalserver.exe na Mangga pilih nu cocok sareng Hapè baraya, mangga download Rupi-rupi file Instalserver.exena. Atanapi kanggo E63 jeung baraya na Download Instalserver.exe sareng Pituduh na didieu
hack symbian tanpa certificate
- Salin ti mimiti folder .Sys jeung eusi na ( .Sys\Bin\instalserver.exe ) ka memory telepon ( C ).
hack symbian tanpa certificate
- Ayeuna, Restart Handphone na. :z
- Saparantos hurung deui, Pasang Helloox2 v2.1
Kanggo Helloox2 v2.11 tiasa di download didieu.
download
- Saupami sukses ka pasang, hartosna Hape tos sukses ka Hack. !!!! Langsung jalankeun Helloox2 na sangkan kapasang Rompatcher+ na, buka Rompatcher+ apply Open4all RP+.rmp
Atanapi langsung Pasang RomPatcherPlus na. :z


- Kanggo Ngalengkepan : jieun deui Folder Sys\Bin di drive Y extract deui file Instalserver.exe ka jero folder bin ( Y:\sys\bin\instalserver.exe ) . Nganggo Xplore, sorot folder Sys nu aya di drive Y nembè teras pencèt Menu > File > Atribut , centang sadaya tanda na. ( sangkan hape angger dina posisi hack ) :z

Mangga dicobian... Mugia manfaat...


22 komentar:

  1. Kang elang, meni kabita ningal x-plore bahasa sunda na... Hoyong atuh? Hehe... Kumaha nya carana? hatur nuhun.

    BalasHapus
  2. @kang izoey mangga atuh da kantun nganggo ari hapè na symbian sareng tos di hack mah... Download wè Aplikasi X-Plore na.anggo ari hapè na symbian sareng tos di hack mah... Download w

    BalasHapus
  3. @Elang84 ieu di hape simkuring teh x-plore na parantos di crack full version ngangge sorcerer kang. Pami di gentos file bahasa na hungkul tiasa teu nya? Jiga Opmin Symbian kamari nu parantos di posting, pan kantun ditimpa hungkul, x﹑lore tiasa teu nya? Punten yeuh seueur naros..

    BalasHapus
  4. Bade di link blogna di grup fb nya Kang...

    BalasHapus
  5. @kang izoey yeuh atuh Download File Data.dta X-plore nu ieu, extract ka Private\a0000bcd\Explorer(simpen didieu) sateuacanna backup heula Data.dta nu Akang.

    @Kang Cenom mangga kang,,, mana atuh Simkuring tacan di lebetkeun ka Grup na..

    BalasHapus
  6. askum kang,nuhun kang info tos di praktekn k dua hp 100% lancr tiasa di hack

    BalasHapus
  7. @ Alhamdulillah Kang Musick Gallery ,sukses geningan... Muhunlah ayeuna mah teu kedah rèpot ngantos cert & key nya.. :-D

    BalasHapus
  8. @Elang84 Sukses kang, hatur nuhun file data sunda na. Ka angge pisan. Sip lah hehe..

    BalasHapus
  9. @ sami-sami kang izoey , masih aya tuh photobook sunda na.. :)

    BalasHapus
  10. Kebetulan ni kemaren ada temen yg kesulitan req cer & key,.
    Sapa tau bs pke cra ini. Thx kang infonya

    BalasHapus
  11. Kebetulan ni kemaren ada temen yg kesulitan req cer & key,.
    Sapa tau bs pke cra ini. Thx kang infonya

    BalasHapus
  12. @kang SeMut mangga di coba kang... Ditunggu laporan nya..!!!

    BalasHapus
  13. kang teu tiasa instal file zip, knaon'y.. Hatur nhun....

    BalasHapus
  14. asslm. Kang elang, kmaha lancar saumna.. Hehe bde naros, upami teutiasa nginstal file zip kunaon nya, tras waktos masang helox pas palebah memindahkan instaler teu beres2.. Di pilarian weh kanu helox na nganggo x-plore, sihoreng teh instalerna aya nu format .exe sareng .zip aya pengaruh teu kang tina teu tiasa nga instal file zip eta.. Hatur nhun sateuacanna..

    BalasHapus
  15. @Anonim , hapunten sateuacanna.. Hape naon? Da zip mah sanes kanggo di instal apanan, tapi extract-keun. Upami kitu mah sapertos na mah teu tiasa ku helloox. Cobi nganggo trik nu diluhur, langsung install rompatcher(helloox lewat). Atanapi cobian nganggo trik sateuacanna (nganggo hackcert) :) helloox mah otomatis ngextract file2 zip nembe...

    BalasHapus
  16. ooo kitu, hatur nhun atuh kang... Ke urang cobian heula... Hehheh sumuhun hilap.. Abi mah msh nganggo E63 heheheh

    BalasHapus
  17. @Anonim muhun nganggo cara di luhur, nu pas pisan kanggo e63 mah.. Tos 5 korban ku simkuring di hack cara kieu teh :r

    BalasHapus
  18. hatur nuhun pisan kang infona.100% berhasil dipraktekkeun dina symbian abi.
    Padahal ti sabulan yg lalu ngantosan cer key teu hasil wae..
    Moga sing janten amal baik di bulan puasa ieu sareng kenging ganjaranna ti gusti allah..hatur nuhun pisan kang infona.100% berhasil dipraktekkeun dina symbian abi.
    Padahal ti sabulan yg lalu ngantosan cer key teu hasil wae..
    Moga sing janten amal baik di bulan puasa ieu sareng kenging ganjaranna ti gusti allah..

    BalasHapus
  19. @ amiin yaa robal'alamiin,, kang dondon aduh, sami-sami kang.. Tos seueur korban na di hack sapertos kieu mah,, da ngantos cer&key mah tos sa sasih abdi ge teu beres2.. hoyong nga hack e5 (teu mempan ku ieu mah) :r mugia manfaat kang...!!!

    BalasHapus
  20. ngiringan kang ah..
    bde tumaros ari cara eta kangge n97 tiasa teu kang?
    htur nuun kang


    @khampeng

    BalasHapus
  21. @kang khampeng di cobi wae kang... Sigana mah kanggo fw heubeul mah tiasa... :)

    BalasHapus
  22. Dupi Drive Y: palih mana kang, mung aya drive C, D, E, sareng Z wungkul di nokia 6120c mah. Sareng bd tumaros, kadang teu tiasa download file .rar kangge PC Kunaon nya?

    BalasHapus
Hatur nuhun saupami Baraya tiasa masihan Komentarna perkawis posting di Luhur,,

Dukungan Panyumanget



-Nu Burung Sapopoe-

Future Google PR for elang84.blogspot.com - 3.88
ELANG84