15:09

Akibat Salah nginum Jamu

logo
-''Nini...nini...nini..lengên kadieu...!!!'' ki Ihan ngagorowok di pipir.
*''aya naon ki,,meni rareuwas...??'' têmbal nini Matnasih tuturubun di dapur.
-''ieu dêwêk jadi hêsê kiih..kieu,,padahal geus hayang sa wêr-wêr eun..!!'' ki Ihan nyengir nahan kanyeri.
*Nini Matnasih kerung,pok nanya :''sugan êta tadi nginum atawa ngadahar naon atuh ???''
-Ki Ihan :''naha da teu barang dahar nu anêh, nginum gê pira ngasaan jajamu nu di luhur mêja, da tadi têh asa nyareri awak...!!''
*Nini Matnasih:''atuh meureun da êta mah jajamu keur Nini...jamu SAR'I RAPET ...puguh wê jadi rapet teuing...!!''
-''nya nggeus, anteur dêwêk ka dokter Odoy'' ceuk ki Ihan gura-giru dicalana.

Nepi di dokter Odoy, kabeneran panggih jeung Si Saduy nu katingali panik.

-''keur naon Duy, ?? Saha nu gering??'' ki Ihan nepak Si Saduy nu keur melong kana panto pamariksaan.
+''aduh, ki...ieu nini kuring.... Loba teuing nginum jajamu siganamah...'' têmbal Saduy bari ngoprot kêsang. :p
*''jamu naon nu di inum,??? boa sarua teu bisa kiih, akibat loba teuing nginum jamu SAR'I RAPET..!'' nini Matnasih nanya bari ngarêrêt ka Ki Ihan.
+si Saduy ngajawab bari gogodeg:''lain,,,lain jamu SAR'I RAPET nini.... Nyêta Nini kuring têh hayang awêt ngora, nya nginum jamu AWÊT NGORA,,, kuSabab hayang gancang katingali hasilna,, nu kudu na sapoê sabungkus, nya nini kuring mah nginumna disakalikeun, saratus bungkus isuk-isuk tadi têh..''
*''trus kumaha ayeuna?? Nyeri beuteung meureun???'' nini Matnasih kerung.
+Saduy:''saleuheung ukur nyeri beuteung mah... Ieu mah parah... Nini kuring ayeuna jadi OROK deui.. Ayeuna keur di Imunisasi ku dr. Odoy..!!''


Hayu, ah ngariung sareng nu Burung di jamin Ngakak sapapanjangna....


0 komentar:

Mangga kanggo komentar kahiji, Lur... Dina Akibat Salah nginum Jamu

Dukungan Panyumanget



-Nu Burung Sapopoe-

Future Google PR for elang84.blogspot.com - 3.88
ELANG84