10:24

Cara Gampil Ngarobah Ukuran Icon Handphone

Modding Symbian nu parantos di Hack, moal aya eureun na, aya-aya waè... Ngarobih tampilan supaya teu ngabosenkeun. :@ ayeuna urang nyobian Ngarobah ukuran icon aplikasi / folder S60v3, carana gampil tur hasil na pas sareng kahoyong.. :z nu kawitna sapertos kieu :
icon s60v3
Tiasa di robih icon-na janten langkung ageung,
big icon
Atanapi di alitan ukuran icon-icon na.
small icon s60v3
Cara na gampil, :z
- Pastina Aplikasi ieu meryogikeun Python, janten handphone tos sayogi Aplikasi Python sareng kulawargi na.
- Download teras Pasang Big Icon . Sis ( Pasang di drive E atanapi di drive C sakumaha Python di pasang).
- Buka Aplikasi Big Icon, pilih Pilihan - Generate - Own File
big icon generator
Muncul Parameter kanggo ngatur ukuran icon.
setting icon
*Katerangan:
85=Lebar icon
65=Jangkung icon
12=Posisi Horizontal
6=Posisi vertical
Tah angka èta nu janten patokan tèh,,, :z
Saparantos di atur klik OK, antos dugi ka muncul tulisan
Patch succesfully generated!
Stop BigIcons.rmp patch (if enabled) before making new
Now open ROMPatcher and apply BigIcons patch

Hartosna Patch BigIcons.rmp Parantos beres di Generate, kalayan tos siap di Folder E:\Patches , kanggo salajengna di buka di RomPatcher + , Aplly sareng Add to auto upami cocok.
Tinggal hasilna, balik ka Menu-klik pilihan (tombol kenca) teras Pilih Kaluar. Cobi deui lebet Menu deui.. :z

Tambihan :
Kanggo ngaleungitkeun Nami Folder / Aplikasi sapertos kieu,
textdissaper
Kantun Extract TextDissapear.rmp ka E:\Patches kanggo di Apply & add to auto nganggo RomPatcher+.

:@ Mugia manfaat... :@


0 komentar:

Mangga kanggo komentar kahiji, Lur... Dina Cara Gampil Ngarobah Ukuran Icon Handphone

Dukungan Panyumanget



-Nu Burung Sapopoe-

Future Google PR for elang84.blogspot.com - 3.88
ELANG84