07:34

Cara Nambihkeun Efek Tema pikeun Tampilan Handphone Symbian langkung Atraktif

Saparantos ngoleksi Theme, asa kurang lengkep upami teu di tambihan nganggo Efek Tema / Theme effects, nyaèta Efek - efek tampilan nu nambih kaèndahan kanggo Handphone Symbian, nu ayeuna badè di guar ku simkuring mah kanggo e63 (s60v3 / FP1).
Kastor Theme Effects, tah ieu yeuh nu tiasa masihan efek hirup / bergerak dina handphone symbian urang... :z ,kanggo screen shot na, kirang langkung kieu.. ( upami tos di pasang mah langkung saè :) ).
theme effects e63
aya buricak - burinong :O
sakura
Aya daun hiber.. :@
maryuana
Aya deui nu efek daun sampeu kitu èta teh?? :O , jeung sajabina...
Langsung kanu cara na nya...?? :z
- sateuacanna kedah masang heula Python sareng kulawargi na, upami atos aya Python mah lajengkeun wèh..
- Download tur Pasangkeun Theme Effects (FP1), efek nu dipasang badè sadayana atanapi default hungkul gè teu sawios-wios.
- Download teras Pasang Generator Fullkastor.
*masangna tiasa di E:\ atanapi di C:\ ,kumaha Python na dipasang dimana.*
- Saterasna buka Generator Fullkastor, kanggo ngadambel Patch FullkastorEnable.rmp. *upami tos sukses, Patch FullkastorEnable.rmp aya di drive C:\ ,*
- Pindahkeun FullkastorEnable.rmp ka E:\Patches(didieu).
*aplikasi Generator Fullkastor tiasa di hapus deui*
- Buka RomPatcher + kanggo nga- Apply sareng nga- Add to Auto Patch FullkastorEnable.rmp
, Teras Restart Handphone na.
- Upami tos hurung deui handphone na, teras buka Tema - Umum teras klik Pilihan - Efek Tema teras pilih Aktif.
Raosan Tampilan Handphone nu nge-Jrèng dina efek Tema... :v :k

Kanggo ngagentos Efek, kantun ka C:\Resource\Skins\101f84b9 upami teu aya folder 10f84b9-na, copy heula di E:\Data\Styles\.
upami waktos masang Theme Effects-na dipasang sadayana, bakal aya kirang langkung 6 file di lebet folder 101f84b9. Anu aktif nuju dianggo nyaèta file 101f84b9.sel. Cobian wè gentos ku nu sanes na, kucara ngagentos nami file na janten 101f84b9.sel (tilasna gentos ku nami sanès/bebas).
Pareuman efek tema, teras Aktifkeun deui... :z

Mudah-mudahan ka anggo ieu catetan na.. :$


16 komentar:

  1. kang elang naha d hape abdi mah theme effects na teu tiasa d instal, tiap d instal aya kterangan file ini sudah terinstal, kmha tah?

    BalasHapus
  2. @lim , waktos masang anu mana eta? Tos kapasang berarti... Kantun di aktifkeun sigana mah...

    BalasHapus
  3. nu theme effects (fp1),, pas d instal aya ktrangan file ni sudah terinstal,pdhl sme2h na abdi teu acan prnah nginstal theme effects(fp1), hp abdi N5730

    BalasHapus
  4. @lim , cobi we parios di manager aplikasi tos aya teu acan, atanapi di teraskeun dipasang oge teu nanaon, teraskeun we ka langkah salajengna.

    BalasHapus
  5. Kang elang,kumaha ieu abi tos nyobian nga instal theme efect na tp naha pas nginstal nembe jln 1/2 kaputus laporana tidak dpt memasang pdhl tos di signed,,hp abi 5320 tiasa teu kang di pasang di 5320..??

    BalasHapus
  6. @kang Adung , cobian di Unsign (sanes di sign) upami terhambat ku sertifikat mah, da tos di hack apanan.. Bilih teu cocok cer na.

    Tambihan kanggo kasus sapertos kang lim, nu teu tiasa nginstal kumargi tos aya cenah, eta mah kantun nyimpen folder effect+skin (sareng eusina) di c:\resource teras ngadamel patch fullkastor na weh.. Di add di rom patcher..

    BalasHapus
  7. ath naha nya di folder C:\Resource\Skins\101f84b9 teu aya bade ngopy di foder E:\Data\Styles\ teu aya oge,,aduh bingung euy kang :s

    BalasHapus
  8. @kang Adung , piraku atuhnya? Upami tos ka pasang trus di restart sok aya upami teu di e, nya di c kumaha tadi masang na.. :)

    BalasHapus
  9. kang bade tumaros... Upami fullkastorenable.rpm naha teu aya d c???? Tp waktos ka fullkastorna mah aya keterangan disimpen d c... Nuhun kang

    BalasHapus
  10. @kang anodz cobi di ulangi deui, bilih pamasangan python na lepat. Saupami tos ngawartosan sukses eta fullkastor.rmp na, cobi pilari ku xplore.. :) mugia lancar..!!!

    BalasHapus
  11. kang... Atos d cobian d psang ulang python na, tp msh sami kawas kmari.. Yen waktod fullkastor d buka aya tulisan

    using z:\sys\bin\euser.dll and gfxtransadaptor.dll

    salajeungna aya tulisan deui

    Patch saved to c:\fullkastorenable.rmp

    Ku abi tos d pilarian deui d c, tp teu aya... Tras d c teh abi ninggal aya patcho.bin sareng patc.bin mung waktos d buka aya tulisan tidak d dukung..

    Janteun kumaha kang??? Punten seueur naros.. Bingung tur panasaran tea atuh da... Heheheheh nuhun sateuacanna...

    BalasHapus
  12. @Kang anodz , sakedah na mah tos aya eta patch teh.. :) tapi upami teu aya wae mah, tos we Download DiDieu kang..!!!. Mudah-mudahan cocok...

    BalasHapus
  13. kang kmha gening ieu teh apliksi fullkastor na teu kbka,,
    fullkastorenable.rmp na geu teu aya.
    Kanggo n73 kang.

    BalasHapus
  14. @Anonim ari n73 s60v3 sanes? Ieu mah kanggo s60v3, fullkastor sateuacanna kedah kapasang Python...

    BalasHapus
  15. mhun v3.nt0s d pasang python mah.
    Kmaha kang?pencerahan nana.

    BalasHapus
Hatur nuhun saupami Baraya tiasa masihan Komentarna perkawis posting di Luhur,,

Dukungan Panyumanget



-Nu Burung Sapopoe-

Future Google PR for elang84.blogspot.com - 3.88
ELANG84