14:44

Smart Work Space Clone: Cara gampang nambih ShortCut Symbian

Panas poè kieu raos na naon nya? Huhh... Cacakan di alam dunya meni sakieu panas na.. Komo lamun di jero Oven, atawa di luhureun kompor nya?? :O dasar Jelema Burung. :O
Urang nyobian ngacak-ngacak tampilan Payun / Layar Awal Handphone Symbian waè lah,, meungpeung keur ngagolak yeuh otak :O ,Urang nyobian Nambihan Shortcut Aplikasi di Layar Payun nganggo Smart Work Space deui lah.. Sakalian sadaya Aplikasi nu aya dina Handphone urang Tampilkeun ka payun, ngarah gancang ari muka Aplikasi tèh, teu kukurilingan heula :@ sok ah, siapkeun Hapè Symbian nu Parantos di Hack,
Teras Download jeung Pasang Smart Work Spacena...
Buka (klik wè wungkul sakali). Hasilna sapertos kieu :
smart work space
Kanggo cara ngatur aplikasi nu di tampilkeun, sami sareng Smart Work Space Kapungkur,, (hapus wè nu kapungkur mah), mung nu ayeuna mah file nu di edit na aya di E:\Private\eacceee1\Setting.ini. tah, file setting ini nu di robih na.. Nya biasa.. Nganggo Jbak Task Man kanggo ninggali UID aplikasi na mah. :z sok wè badè sapuluh aplikasi ogè :o

Saupami kirang kènèh... Download teras Pasang Smart Work Space Clone, aya 10 Aplikasi Smart Work Space tah... Pasang pèk sadayana.. Cara ngatur na aya di E:\System\Apps\smartworkspace\(tah didieu aya sw.ini dugi ka sw9.ini ) sok lah... :O ngagentos giliran na, pan kantun pencèt tombol ''C'' (backspace) alias delete geningan :O
Hasil na kirang langkung sapertos kieu:
sws

smart work space

sw clone
:z
Nyanggakeun, pami aya nu kirang serat di kolom komentar nya..!! Upami teu ngartos ngacung di tengah jalan.. :O :D :O :D


0 komentar:

Mangga kanggo komentar kahiji, Lur... Dina Smart Work Space Clone: Cara gampang nambih ShortCut Symbian

Dukungan Panyumanget



-Nu Burung Sapopoe-

Future Google PR for elang84.blogspot.com - 3.88
ELANG84