Saparantos Handphone Symbian nu teras di modif nganggo
SMART WORK SPACE, nyaeta cara nambihkeun ShortCut Aplikasi di Layar Awal Ponsel. Cara ngatur tur nampilkeun posisina parantos di guar kapungkur, (upami teu acan mangga
Kadieu heula). Tah, ayeuna mah Simkuring bade nyobian Ngatur Ukuran ShortCut na ( dibadagan ). Mangga cobian...
Cara pangaturan na teu sesah, saupami tos ngartos bahasan anu kapungkur mah

nyaeta masih dina file
Setting.ini atanapi
SW.ini (upami nu masang SWS2 berarti nu di atur SW2.ini jeung saterusna ). Nu aya di folder C atanapi E:\system\Apps\Smartworkspace\
SW.ini tah poko na mah nu file.ini aplikasi Smartworkspace we lah..
-Edit nganggo X-plore. Perhatikeun tulisan
KeyCode = 8
PortraitPosition = OnCBA
LandscapePosition = AboveCBA
Robah nu ditandaan ku warna beureum janten sapertos kieu
KeyCode = 8
PortraitPosition = Rect(0, 200, 320, 240)
LandscapePosition = AboveCBA
* angka na mangga robih sakahoyong, sasuai jeung salera baraya

*
Hasilna, nu kawitna sapertos kieu

robih ukuran icon Shortcut na janten kieu

Kumaha jelas teu lur?? Kanggo conto file Setting.ini atanapi SW.ini baraya tiasa langsung
Download nu ieu
Mung teu acan transparannya, janten wallpaper kapotong di handap... :D, tos dicobian yeuh mantep
BalasHapus@kang cenom , muhun kang kanggo di simpen di handap mah tacan kapendak.. Hoyong transfarant teh... Di cobi di acak-acak angka na oge kalakah acak2an :D
BalasHapus