11:29

Moding Tampilan Balakaciprut [ ClockTop + Patch FullWidth idlePlugins ]


Moding Balakaciprut kanggo Handphone Symbian s60v3 dinten ieu, simkuring bade nyimpen sababaraha trick mod. Sangkan tampilan Layar Awal rada benten sakedik... ( sae henteu na mah kumaha kahoyong baraya we :D ) conto na sapertos kieu :
clocktop
Naon wae bahan nu diperyogikeun ?? Tah eta nu bade dicobian di bagikeun teh :O
- Kanggo nampilkeun Animasi, baraya tiasa nganggo Dynamic Desktop atanapi nganggo AnimSprite.
- Logo Operator di gentos nganggo OpLogo - Change atanapi tiasa ku Title Change.
- Nambihan Shortcut nganggo Modifan Smart Work Space.
- tambihan kanggo Ngarubah ShortCut nu luhur (bawaan ponsel) di pindahkeun janten ka palih kenca tur Jam bawaan na leungit Simkuring nganggo Patch fullwidthidleplugins.rmp nu cara ngagunakeun na di extract ka folder Patches nu di jalankeun ku RomPatcher+.
- Saparantos jam bawaan leungit urang meryogikeun deui jam nu anyar atuh nya? :O kapungkur tos aya Cara nyumputkeun / ngagentos jam bawaan Ponsel Symbian nganggo Time Bar atanapi DeskClock. Tah, anu ayeuna mah sapertos Bubue DeskClock mung teu ngaganggu kana SWS, janten langkung disarankeun nganggo nu ieu we,, nami na Clock Top. Mangga Download Clock Topna.

colors theme
Ditambihan yeuh Tema na.. :L Theme Colours s60v3

Tah... Nyanggakeun sakitu heula mod kanggo dinten ieu mah... :O :L :c


4 komentar:

  1. salamu 'alaikim,, wilujeng siang kang,, punten kang abdi bade naros yeuh,,, kira2 aya teu aplikasi kanggo ngadamel tema hp simbian, supaya foto sorangan bisa dijadikeun tema..

    BalasHapus
  2. @kang ylaskar , gampil atuh kang.. Pasang we aplikasi Theme DIY eta kanggo ngadamel tema mah. Upami saukur gentos background menu ku foto nyalira tiasa dipasang Free Full screen wallpaper (aya di blog ieu).

    BalasHapus
  3. wilujeng wengi kang... Punten bade naros deui,,,,hehehhe tp benten topik.. Abi bde naros... Hp abi waktos d hurungkeun sareng tos lebet ka layar awal teu tiasa nanaaon,, bde leubeut ka menu sareng sajabana teu tiasa.. Pas ku abi d cabut kartu memori nembe tiasa ngan janten lemot... Kunaon nya kang??? Aya pengaruh ti lepat ngalebeutkeun installan sanes??? Soal eror teh waktos mndahkeun fullkastor.rmp ka patch tras ka rompatch + salajeungna d restar.. Hatur nuhun sateuacanna... Tong kapok d tarosan ku abi'y... Sanajan akang sanes dukun oge hehhehe peace...

    BalasHapus
  4. @ :) kang anodz , mangga wae ah bade tataros mah sugan aya dina paririmbon abdi nya di waler :D ... Cobi eta tos nginstall / ngaktifkeun Patch naon di mmc na? Teras papay mundur aplikasi nu dipasang, di bongkar deui(hapus).
    aya deui ku masang Netqin Guard Manager, sangkan kapendak app nu autostart. (bilih seueur teuing nu autostart). Sakitu heula nya... :)

    BalasHapus
Hatur nuhun saupami Baraya tiasa masihan Komentarna perkawis posting di Luhur,,

Dukungan Panyumanget



-Nu Burung Sapopoe-

Future Google PR for elang84.blogspot.com - 3.88
ELANG84