02:39

Ngarubah gambar Splash Screen Nokia


Inget keneh lur waktos Ngarubah Animasi Start Up Handphone Nokia (Symbian Hacked), atanapi waktos Ngarubah Shutdown Image na ??, Pastina tos arapal nya, naon nu dimaksud :@ :z , Saparantos ngagentos Animasi / gambar waktu Handphone dihurungkeun sareng dipareuman, masih keneh aya logo Nokia anu muncul. Nyaeta waktos dihurungkeun samemeh kaluar Animasi Start Up Nu parantos di modif.
nokia logo

Tah gambar atanapi Logo ieu nu bade di robah ayeuna mah, najan sa-elol katinggalna, tapi pan namina oge Symbian Full modif atuh.. :O pastina kudu sagala beda nya? :z
Langsung wae kana cara ngagentosna :k

* Siapkeun Hape Symbian nu pastina parantos di Hack. Upami teu acan cobi Hack Heula.
* Upami tos di Hack, pasti aya Aplikasi RomPatcher+, wajib kanggo mod ieu mah nganggona nu versi 2.6 upami teu acan 2.6 mangga Download RomPatcherPlus v 2.6.
* Siapkeun file nu diperyogikeun na, mangga Download Di dieu.
* Saparantos di Download nu nembe :
- Extract SplashScreen.exe ka "C:\sys\bin\(simpen didieu)"
- Extract C2Zbin.rmp sareng ShutdownSplashscreen.rmp ka ''E:\Patches (simpen didieu)
- Nganggo RomPatcher+ versi 2.6, Apply sareng Add to Auto (Domain Srv) patch C2Zbin.rmp sareng Patch ShutdownSplashscreen.rmp na. ( pilih nu aya Domain Srv, sangkan tiasa jalan sateuacan hape nga Booting ).
add to auto
* Kantun milih gambar nu bade di anggo Splash Screen na, dina format file.mif. Simkuring nyayogikeun Koleksi SplashScreen.mif / SysAp.mif na,kirang langkung aya 20 rupi. mangga DOWNLOAD di dieu.
Cara na :
Extract file.mif nu dipilih ka C:\Resource\Apps (simpen didieu)
robih nami na janten :
SysAp.mif (kanggo shutdown image (gambar waktos hp dipareuman)
SplashScreen.mif (kanggo Booting/splash screen (gambar waktos hape dihurungkeun)
* Cobian pareuman sareng ngahirupan deui hape na -
splash ubuntu
splash windows7
splash blackberry
:L


0 komentar:

Mangga kanggo komentar kahiji, Lur... Dina Ngarubah gambar Splash Screen Nokia

Dukungan Panyumanget



-Nu Burung Sapopoe-

Future Google PR for elang84.blogspot.com - 3.88
ELANG84