00:41

SUSIS .... Suami Sieun Istri

Aya carita ti Riungan nu Burung perkawis SUSIS alias Suami sieun Istri.... Mangga lenyepan.. :D
Susis
:v Kacaritakeun dina hiji mangsa di karajaan lembur nyingkur, raja teh geus salempang ku kaayaan prajurit jeung rakyatna anu sieun ku pamajikanana alias SUSIS tea
:D
.
dina poe salasa minggu katiga Raja ngayakeun sayembara, Sing saha jalma anu khususna lalaki anu geus rumah tangga sing saha wae anu teu sieun ku pamajikana bakal di bere hadiah sapi warna hideung, nu miluan tapi teu jadi jawara tetep meunang hadiah tapi hadiahna hayam kampung... :y Kacaritakeun tina rebuan anu milu sayembara ngan aya hiji anu meunang hadiah sapi nyaeta urang caruy ngarana kang Jana ngan iwal manehna anu bener-bener teu sieun ku pamajikanana
.
:f
Sanggeus meunang hadiah ti Raja kang Jana balik ka imahna bari nungtun sapi meunang hadiah tea
.
:d
Jana :'' assalamualaikum nyi ieu akang meunang sapi hadiah ti raja...''
P,Jana : ''waalaikum salam kang aduh hebat si Akang nya.''
Jana :'' beuh akang tea atuh ieu bati akang teu sieun ku pamajiKan teh aya hasilna oge lin...?''
P, Jana :'' enya ngan hanjakal sapina warnana hideung, abdi mah teu resep kang... :( coba lamun warnana bodas leuwih hade kang..!!''
Jana : ''emang enya nya teu umum sapi hideung mah''
P Jana : ''enya kang coba tukeurkeun atuh ka Raja menta nu bodas kitu...''
Jana :'' enya ke atuh urang tukerkeun..''

:v
isuk-Isukna Kang jana balik deui ka istana niat rek ngahilikeun sapi hadiah tea
Jana :'' sampurasun Raja.....!!!''
Raja :'' aya naon maneh jana geuning balik deui''
Jana :'' raja punteun ieu abdi bade nukeurkeun sapi, sabab pamajikan abdi teu resep kana sapi warna hideung mah mun tiasa mah bade di tukeurkeun kana sapi warna bodas''
Raja :'' saha eta anu nitah nukeurkeun sapi
teh???''
Jana :'' pamajikan abdi nun....''
Raja :'' beuh ari kitu mah maneh teh SUSIS oge ningan...!! wayaHna sapi urang tukeurkeun kana hayam''
Jana :'' aduuuh enya nya " bari nepak tarang.
atuh Jana teh teu jadi mawa sapi teh kalah balikna mawa hayam...beuh karunya teuing nya...hehehehe :D


2 komentar:

Hatur nuhun saupami Baraya tiasa masihan Komentarna perkawis posting di Luhur,,

Dukungan Panyumanget



-Nu Burung Sapopoe-

Future Google PR for elang84.blogspot.com - 3.88
ELANG84